Kaleresan yeuh, mani asa nyambung jeung acara SIMPAY
kamari di kampus FIB UI Depok.
Dina acara simpay kamari teh, diputer film dokumentar
"Upacara ngalaksa" di Rancakalong Sumedang, karya
Dokumenter kang Ray Bachtiar (rakana Arman Maulana,
personil band GIGI- (baca) HIHI ceuk Kang Deni Sabri
mah, da ngabacana ngangge logat walanda tea).
Film dokumenter teh ngadokumentasikeun upacara
ngalaksa taun 2004 di rancakalong. asana sae lamun
dina acara HBH diputer deui film eta. Kang Maman
Gantra pasti kenal, margi anjeunna salah sawios
perisetna.
Ceuk Kang Ray Bachtiar teh, cenah mah film
dokumentaerna teh teu acan anggeus. Hoyong ngadamel
lima serial, saluyu sareng prinsip "opat kalima
pancer" tea geuning.
kang Boim, pami tiasa mah, sakantenan wae kang Ray
Bachtiar diulem kana acara HBH. Sakantenan
ngadokumentasikeun Tarawangsa. Kedah aya peralatan
khusus audio,ngarah hasil videona sae.

baktos,

mrachmatrawyani


--- kang_boim <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Assalamu'alaikum...wr, wb.
> haturan baraya...., Alhamdulillah tugas sim abdi
> pikeun mastikeun
> inohong seniman tarawangsa ti Rancakalong tos
> dilaksanakeun dina poe
> salasa ping 11 Sep 2007.(punten ka Kumi teu
> kasampeur...hehehe)
> insya Allah ke dina waktos HBH Kusnet nu bakal
> datang baris dileler
> panghargaan ku panitia HBH Kusnet 2007 nu tempatna
> di Bumi Perkemahan
> Kiarapayung Jatinangor dina ping 27 - 28 Oktober
> 2007 (sok ah geura
> dalaftar....! hehehe)
> Seniman Tarawangsa ti Rancakalong anu baris dileler
> ku Kusnet teh
> namina pak Sukarma, anjeuna pas pisan margi tos
> kawilang lami ulubiung
> + ngokolakeun seni tarawangsa di Rancakalong malah
> bisa disebut
> panerus ti karuhun beh dituna (anjeuna mimiti terjun
> langsung
> teruskeun seni tarawangsa ti tahun 70-an, ari
> anjeuna kalahiran tahun
> 36-an...).
> Anu matak ngagumbirakeun ku alfukah anjeuna seni
> Tarawangsa pikeun di
> daerah Rancakalong geus asup kana program mulok di
> sakola SD nepi ka
> SMP alias asup kana pangajaran
> extrakulikuler...malah geus loba murid
> SD anu geus mahir ngamaenkeun waditra tarawangsa.
> Insya Allah dina waktu HBH engke baris ditanggap
> pikeun minton, ngarah
> urang sarerea apal nu kumaha ari nu disebut
> tarawangsa teh.
> 



       
____________________________________________________________________________________
Yahoo! oneSearch: Finally, mobile search 
that gives answers, not web links. 
http://mobile.yahoo.com/mobileweb/onesearch?refer=1ONXIC

Kirim email ke