teras keun atuh kang.... sikuring janten mikir sumedang teh siga kumaha 
baheula... hehehehe asa keur flash back euy... kumaha kaayaan jatinangor 
baheula..?? kumaha ka ayaan cadas pangeran kapungkur..?? ahhh.... mun 
ngaliwatan... cadas pangeran teh sok mikir... siga kumaha baheulana ..... 



  ----- Original Message ----- 
  From: Kebo Hideung 
  To: [email protected] 
  Sent: Thursday, September 13, 2007 3:04 PM
  Subject: Re: [Urang Sunda] Memoir Menak Baheula (2)



  siiiiiipp
  Lanjut kang....
  Asa nempo filem si pitung Kang..hehehe

  hatur nuhun
  Kebu

    ----- Original Message ----- 
    From: waluya56 
    To: [email protected] 
    Sent: Thursday, September 13, 2007 2:33 PM
    Subject: [Urang Sunda] Memoir Menak Baheula (2)


    Sambungan tinu kahiji ....

    SEN NGAGANTI DUIT*)

    Saentasna Ny. Raden Saleh mulang deui ka Batavia, kuring jeung 
    Durahim ngarasa culang-cileung ngan duaan. Ence Dimah dibere tugas 
    ngurus kuring duaan. Unggal poe dibere hiji wang (dalapan duit) 
    jeung lima duit keur meuli dahareun. Kuring dahar babarengan jeung 
    para jongos Ence Dimas.

    Unggal jam 6.00, awewe-awewe kolot nu jualan sangu jeung sayur 
    datang. Lamun kuring jeung Durahim culangung nyendok sayurna, 
    maranehna sok mapatahan: " Jang, gunakeun sopan santun tata cara! 
    Saha nu nyaho engke maraneh jadi mandor atawa jurutulis. Jadi ti 
    ayeuna maraneh kudu diajar tata-tertib, ulah isuk-isuk keneh geus 
    balangdahar"

    Sataun mimiti kuring jeung Durahim teu kungsi papanggih deui jeung 
    urang Sunda. Sakali mangsa, waktu kuring jalan-jalan di alun-alun, 
    kuring jeung Durahim papanggih jeung lalaki asal Cianjur, R. 
    Kartakusumah, nu engke jadi Wadana di Cikalong Cianjur. Ceuk 
    manehna, manehna keur marengan kontrolir ti Ciputri ka Semarang 
    kulantaran kontrolir kudu jadi saksi di Pangadilan. Kuring jeung 
    Durahim mani atoh papanggih jeung jalma anu wawuh.

    Di sakola kuring lain wae diajar maca, nulis jeung ngitung saperti 
    di Batavia, tapi oge diajar ngagambar jeung geodesi (juru ukur 
    tanah?).

    Di taun 1858, waktu kuring di Semarang, pamarentah ngenalkeun SEN 
    sabage alat bayar anu sah, ngaganti DUIT. Hal ieu nyababkeun 
    kariweuhan di pasar, kulantaran teu loba jalma nu bisa ngonversikeun 
    DUIT jadi SEN. Jadi di pasar-pasar ditugaskeun patugas nu dikawal ku 
    pulisi keur jadi MONEY-CHANGER!

    NAEK KUDA KA BANDUNG

    Dua taun saenggeusna sakola di sakola Jawa ieu, kuring jeung Durahim 
    cukup lancar dina Basa Jawa. Ence Dimah narima surat ti Raden Saleh 
    nu menta kuring jeung Durahim dikirim deui ka Batavia. Kuring jeung 
    Durahim kudu dititipkeun ka jalma nu dipikawanoh pisan ku Raden 
    Saleh.

    Waktu eta, Kapal uap geus aya di kapuloan ieu. Kuring jeung Durahim 
    dititipkeun ka saurang awak kapal Oenarang, sobatna Ence Dimah. 
    Sangeus lalayaran dua poe kuring tepi salamet ka Palabuhan Batavia.

    Raden Saleh geus pindah, ti Gunungsari ka Cikini. Kuring jeung 
    Durahim nganjrek 2 bulan di imahna. Terus kuring dijemput ku calon 
    besan Pangeran Sugih. Kuring saparakanca naek kuda ka Bogor jeung 
    Megamendung. Sanggeus opat poe naek kuda. tepi ka Bandung. Di 
    Bandung kuring ditarima di imah bupati Bandung nu disok disebut 
    Dalem Bintang.

    Panarimaan nu sakitu nyugemakeunana ti bupati Bandung ka kuring 
    jeung Durahim, mungkin kulantaran kuring jeung Durahim barudak 
    ningrat nunggaran anu sakola sakitu jauhna. Dina perjalanan Bandung 
    ka Sumedang, mondok sapeuting di imah Wadana Tanjungsari, R. 
    Wiranagara, nu istrina anak cikal Pangeran Sugih. Engkena R. 
    Wiranagara jadi Bupati Garut.

    Kuring tepi ka Sumedang samemeh tengah poe jeung langsung ka 
    Pangeran Sugih. Anjeunna nyieun kaputusan Durahim nuluykeun sakola 
    ka Pasantren, ari kuring tetep cicing di Sumedang.

    Bibi Lenggangmantri parantos ngantunkeun jeung Paman Pangeran gaduh 
    istri anyar, Bibi Yogya. Kuring nganjrek jeung aranjeunna.

    JADI PENASEHAT PARA WADANA

    Kuring teu inget deui, iraha tepatna kuring balik ka Sumedang. 
    Mungkin sabulan sanggeus tutup taun 1860. Loba jalma ngalongok 
    kuring. Lima poe saenggeus datang, kuring magang mantuan Paman 
    Pangeran, boh di bumina atawa di kantorna. Kuring dimeunangkeun 
    balik beurang keneh.

    Bulan Februari 1862, Paman Pangeran marentah kuring jadi guru bantu 
    di Sumedang jeung digajih f 10 sabulan. Kuring kudu ngajar Basa 
    Melayu, ngitung per-peran jeung geodesi. Di waktu eta, padumuk acan 
    akar-ukur make meter. Ukuran nu digunakeun TUMBAK nu sarua jeung 
    3,7674 meter. Ukuran lega digunakeun BAU nu sarua jeung 7.096 m 
    persegi.

    Satengah taun saenggeusna jadi guru, kuring dipanggil bupati, ari 
    sihoreng aya assiten residen, nu menta kuring jadi penasehat para 
    Wadana di Kabupaten Sumedang nu keur ngawangun irigasi jeung 
    pengairan sejenna. Gaji kuring ditaekkeun jadi f 16 tapi kuring 
    tetep meunang ngajar dina waktu lowong.

    KAWIN JEUNG PAPACANGAN KEUR BUDAK

    Taun 1964 kuring dibenum deui, ayeuna mah diangkat jadi camat di sub-
    distrik Cikadu. Kuring oge pindah nganjrek ka Cikadu. Sanggeus 
    salapan bulan di Cikadu, Paman Pangeran ngarasa geus waktuna 
    ngawinkeun kuring jeung Armunah, putrina nu keur leutik geus 
    dipapacangankeun jeung kuring waktu kuring jeung manehna umurna lima 
    jeung tilu taun.

    Kawinan ieu dihajatkeun gede-gedean di taun 1865. Umur kuring dua 
    puluh taun jeung kuring geus aya di Cikadu salila sataun. kira-kira 
    genep bulan saenggeusna, Wadana Distrik datang mere nyaho yen kuring 
    diangkat jadi KALIWON SUMEDANG(?). Di waktu eta para pajabat nu 
    diangkat Wadana teu make surat pengangkatan.

    Tugas utama saurang Patih aya tilu: nyatet kabeh sawah nu aya di 
    Kabupaten, boga tanggung jawab kana jalan-jalan, sasak, gedong-
    gedong resmi saperti kabupaten (imah dinas Bupati), imah asisten 
    Residen, imah kontrolir, panjara, gudang uyah jeung gudang kopi.

    Keur ngalaksanakeun tugas ieu, patih ngamanfaatkeun kerja rodi jeung 
    biayana ditanggung ku desa-desa di Kabupaten. Pamarentah teu mere 
    bantuan duit, sabab padumuk teu mayar pajeg, tapi mayar PANCEN 
    nyaeta sapersapuluh tina hasil sawah jeung kebon.

    Pancen ditarik ku kapala-kapala Desa nu boga tanggung jawab ka 
    Wadana. Patih jeung pejabat pamarentah sejenna teu meunang gajih 
    tapi meunang bagean tina pancen.

    Di bulan Juni 1869, kuring diangkat jadi Wadana distrik Sumedang. Di 
    taun eta lahir anak kuring anu cikal nu diaranan Pahrussuhada. 
    Manehna maot waktu umurna kakara dua taun. Di taun 1871, pamajikan 
    kuring, Nyai Raden Ratnainten (Armunah) keuna ku KOLERA tepi ka 
    ngantunkeunana.

    [Ke dilajengkeun deui upami pareng ......]




   

Kirim email ke