Sambungan ti bagean (5):

KALEUNGITAN PAMAJIKAN DEUI

Kuring oge katarik gede kana nyieunan sasak-sasak. Dina inspeksi-
inspeksi ka sakuliah kabupaten, kuring sering meuntas Citarum nu 
mangrupakeun walungan panggedena di daerah kuring.  Sasak henteu 
aya, pameuntasan dilakukeun ku getek (rakit awi). Tangtu we ieu 
ngahesekeun. Kuring menta izin nyieun sababaraha hiji sasak awi nu 
bakal digawekeun keu padumuk desa eta sorangan. Teu lila ti harita, 
Citarum boga lima sasak: Ti Cicalengka ka Majalaya, ti Ujungberung 
ka Ciparay, ti Dayeuhkolot ka Banjaran, ti Cimahi ka Kopo jeung
ti Rajamandala ka Cihea. Nu pangakhirna ieu ngahubungkeun jalan ka 
Batavia jeung ka Buitenzorg (Bogor).

Unggal hiji sasak jadi, daratang para pejabat Eropa mariksa dina 
rangka perjalanan inspeksi maranehna. Kabeh wadana nu ngilu ulubiung 
meunang panghargaan tertulis, kitu oge kuring. Dua taun ti harita, 
kalima sasak teh diganti jadi sasak beusi, lalu-lintas jadi leuwih 
gampang.

Salila kuring jadi Bupati, daerah jeung kota Bandung tumuwuh gancang 
pisan. Sajumlah gedong-gedong diwangun. Tangsi-tangsi militer 
diadegkeun di Cimahi jeung di Cikudapateuh. Industri pesawat(?) 
diwangun di Sindanglaya.

Ku pamenta Asisten Residen Van Zuylen, taun 1912 kuring ngitung 
volume tipung tapioka nu dikirim make kareta api ka Batavia ti kabeh 
satasiun jeung halteu. Ti laporan para kapala stasiun Nagreg, 
Cicalengka, Rancaekek, Gedebage, Bandung jeung Cipatat kanyahoan 
unggal taun 310,000 tanggungan tipung tapioka dikirim ka Eropa, 
padahal samemehna ngan 200 tanggungan. Harga satanggungan f 15. Teu 
heran lamun daerah Bandung jeung sabudeureunana makmur jeung tambah 
makmur unggal taun. Areal sawah oge ngalegaan, nu ditaun
1896 ngan 800.000 bau, tapi ditaun 1912 jadi 1.100.000 bau.

Taun 1897, R. Ayu Sangkan-ningrat ngalahirkeun deui, Aom Singgih. 
Tapi sabulan ti harita, pamajikan kuring teh wafat jeung dimakamkeun 
di Karanganyar (WLY: kompleks makam menak Bandung?).

Kurang leuwih sataun ti harita, kuring kawin deui jeung Nyai Raden
Rajaningrat. Anak awewe Paman Pangeran oge (Pangeran Sugih) ti Nyai 
Raden Muliakusumah. Nyai Raden Rajaningrat kakara umur opat taun, 
waktu Paman pangeran wafat. Manehna digedekeun ku Pangeran 
Suriaatmja (WLY: Bupati Sumedang, gaganti Pangeran Sugih).

Manehna mere kuring tilu urang budak: Aom Mahar nu lahir Februari 
1899, Agan Juaeni nu lahir Juni 1907 jeung Aom Kanas nu lahir ditaun 
1912.

MEUNANG MAKE PAYUNG EMAS

Bulan Agustus 1900 kuring meunang panghargaan "bentang emas". Di 
taun 1903 keur kadua kalina kuring meunang gelar Aria, di taun 1906 
meunang gelar adipati. Akhirna ditaun 1909 kuring meunang hak 
istemewa make PAYUNG EMAS.

Taun 1901 raja Siam jeung putra mahkotana nganjrek  dua bulan di 
Bandung kulantaran kasehatan. Nu ngiringkeun aranjeunna, saurang 
Jenderal, saurang admiral jeung sababaraha pejabat nu mondok di 
Hotel Homann, sesana ngalanjrek di Batavia. Gubernur Jendral 
nyadiakeun ajudan keur Raja, oge Juru Bahasa, nyaeta Meneer Valette, 
kulantaran urang Siam ieu ngan bisa basa Siam jeung Basa Inggris.

Di Bandung, aranjeunna make pakean Eropa. Waktu balik ka Siam, Raja 
siam mere hadiah "bentang" ka kuring.

Taun 1918, waktu kuring geus jadi bupati Bandung 25 taun 4 bulan 
jeung geus digawe ka pamarentah salila 56 taun, kuring mutuskeun rek 
pangsiun. Umur kuring geus 74 taun, kakuatan kuring rarasaan mah 
geus ngurangan.

Surat kaputusan no.1 tanggal 14 Oktober 1918, kuring dipangsiun tur 
meunang duit pangsiun f 400 sabulan ditambah tunjangan f 160.

Kuring ngajual parabot rumah tangga kulantaran boga maksud balik ka 
tempat asal kuring, Sumedang. Kulantaran di Sumedang kuring acan 
boga imah, samentara kuring nganjrek di bagean kidul gedong 
Kabupaten Sumedang.

Bupati Sumedang, Pangeran Suriaatmaja, oge kakara pangsiun jeung 
pindah ka Sukaraja.

Sabulan sanggeusna kuring pindah ka Sumedang, R. Kusumahdilaga, 
wadana Plumbon, diangkat jadi Bupati Sumedang. Manehna putra 
Pangeran Sugih ti R. Ayu Mustikaningrat. Sababaraha bulan ti harita, 
kuring pindah ka imah batu boga R. Demang Suriaamijaya, urut patih 
Sumedang. Samentara kuring nyieun imah di Burujul, di kuloneun kota. 
Baheula tempat eta teh sawah nu aya di sisi jalan, bogana Naib 
Cibeureum. Tadina mah manehna embung ngajual, ngan 
waktu kuring ngadesek supaya manehna ngaleupaskeun sawahna dua bau 
make harga pangluhurna keur sawah di Sumedang, nyaeta f 2.500 per 
bau, manehna nyerah. Sapuluh bulah ti harita, imah anyar anggeus 
diwangun, kuring pindah kadinya.

[TAMAT]

Sumber : "Anak Angkat Raden Saleh Menjadi Bupati Bandung", INTISARI, 
Januari 1987


Kirim email ke