Wa'alaikumsalaam w. w. Aamiin.

Kahatur Kang Edi anu nuju ngumbara... perkawis MP3 kacapi suling/kendang
penca, sigana mah bajakanana balatak di Bandung, tapi kuring mah teu
ngarekomendasikeun meseran nu bajakan. Anu aslina asana mah aya oge, misalna
bae seri degung instrumental anu dina wanda kaset mah aya sababaraha volum.
Upami memang minat ngagaleuh, ke sugan pareng mun kuring jalan2 ka toko
kaset, sakalian dipangmeserkeun. Nyungkeun nomer hapena we (japri) supados
pas ngke mendak CDna, tiasa kompirmasi heula bade/moal meser.

On 9/13/07, Edi Junaedi aka izzy_rizky <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Ass Wr Wb...
> Salam ka baraya sadayana, wilujeung ngalaksanakeun ibadah shaum
> ramadhan, mugi2 Allah SWT nampi kana amal ibadah urang sadayana,
> Amin....
>
> Saleureusna sim kuring teh parantos lami pisan milarian MP3 lagu2
> sunda kacapi suling atanapi kendang penca, da puguh sesah pisan
> milarian na di Samarinda mah, susuganan aya baraya anu kaleresan gaduh
> referensi atanapi memang gaduh eta barang anu ku sim kuring
> dipilarian, sim kuring myuhunkeun tulungna tiasa nga impokeun ka sim
> kuring, tiasa Japri wae....
>

-- 
sikandar
kumincir.blogspot.com

Kirim email ke