Upami teu lepat (beuner meureunnya) sanes Cikalong, saemut mah Rancakalong
punten -----Original Message----- From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of MRachmat Rawyani Sent: Monday, September 17, 2007 9:24 AM To: urangsunda urangsunda Subject: [Urang Sunda] Antara Jurig Awewe jeung Dewi Sri Minggu kamari kuring nungkulan hiji acara ceramah umum ti Prof. Yomota Goki (profesor ahli film ti Department of Art Studies, Meiji Gakuin University) di Pusat Studi Jepang UI, anu ngadadarkeun perkara film Godzilla. Ceuk manehna teh cenah Godzilla teh "penjelmaan" ti arwah para tentara Jepang anu maot di medan peperangan di luar nagri Jepang. Film eta teh mimiti dijieun tahun 1954. Tapi ayeuna sekuel film eta masih tetep eksis, kalayan beda eusi caritana, 'disesuaikan' jeung alam pikiran barudak ayeuna. Tas tidinya teh terus kuring nyimpang ka FIB, da aya acara SIMPAY tea anu ngadadarkeun perkara Dewi Sri/Nyi Pohaci, anu didugikeun ku Ceu Dian/Richadiana Kadarisman Kartakusuma, padamel di Arkeologi Nasional, teureuh Galuh. Ceu Dian nerangkeun mitologi Dewi Sri anu nepi ka kiwari masih dipercaya ku urang Kanekes (baduy), utamana mah dipraktekeun dina perkara melak pare huma tea. Nyi pohaci dianggap orang suci, kusabab jadi "acina" bumi, dimana jasad nyi pohaci Dewi Kahyangan anu dipikaseneng ku Batara Guru, dikurebkeun di bumi. Ti tempat dikurebkeunana teh mucunghul tangkal pare, sampeu, boled jrrd. Ku margi kitu, Urang Kanekes mah lamun melak pare teh, tara ngagali jero-jero taneuh, jiga ngawuluku sawah, sabab di jero taneuh teh aya jasad Nyi Pohaci. Hiji simbol ngahormatan alam, nya kumargi ngahormatan Nyi Pohaci tea. Dina Film dokumenterna Kang Ray Bachtiar, digambarkeun upacara ngalaksa di Cikalong Sumedang, dimimitian ku carita legenda Nyi Pohaci/Dewi Sri turun kabumi tea, jiga anu didongengkeun ku Ceu Dian. Tapi bedana dina Film kang Ray mah, ngagambarkeun tata upacara anu aya patalina sareng nyawah. Sok sanajan budaya melak pare di huma jeung budaya melak pare di sawah aya bedana, tapi hiji hal anu teu robah, nyaeta didasarkeun kana mitologi Dewi Sri. (jigana lamun engke HBH KUSnet ngondang pa Sukarma, bakal didongengkeun perkara Nyi Pohaci/Dewi Sri ieu). Balik deui ka Prof.Yomota Goki, cenah salian ceramah film teh, manehna keur nalungtik film-film di Indonesia. Salah sahiji anu narik ati Prof. Goki teh perkara Film jurig anu anyar-anyar ieu rame diputer di bioskop. Ceuk manehna teh, ku naon jurig di Indonesia digambarkeun mangrupa awewe? Tah, "pengamatan" Prof.Goki teh ku kuring ditanyakeun ka Ceu Dian, naha aya hubunganana kitu jeung "alam bawah sadar" urang Indonesia, anu mikahormat ka Dewi Sri, sahingga jurig di Indonesia teh digambarkeun Awewe. Komo jeung bari bentang film na teh awewe Indo geulis, jiga anu ditulis di Kompas minggu, dimana anu maenkeun Kuntilanak 1 nepi ka tilu mojang indo turunan manado-Perancis jeung Cina? Film Kuntilanak 1 ditongton ku 1,5 juta jalma.Puguh wae atuh, barudak ngora mani pogot nongton jeung euweuh kasieun, kuntilanakna oge mojang Indo umur 19 taun. ( dongeng kanggo nyeugeurkeun puasa, punten pami teu aya nilai pahalana, manasan kang SR, sina ngadongeng jurig versi KEOM). baktos, mrachmatrawyani __________________________________________________________ Building a website is a piece of cake. Yahoo! Small Business gives you all the tools to get online. http://smallbusines <http://smallbusiness.yahoo.com/webhosting> s.yahoo.com/webhosting

