Ongkos Cipaganti mah dietang hulu, Aki Tams... Mung, kumargi unggal
panumpang dijajap dugi ka buruan, nya anu apes mah kabagean kukurilingan
heula jajap nu sanes (nu bumina pangjauhna). Duka tah watesna Bandung
dietang dugi ka mana, upami di luar jangkauan mah kedah nambih deui (upami
keukeuh hoyong dijajap).

Perkawis macet, anggap we hiburan, Ki... Etang2 pangbagea ka nu nembe dugi
ka lemah cai... heuheuheu

Anu ka BSM, Primajasa, sanes Damri. Jam2 padet mah selangna teh sajam
sakali, unggal jam satengahan (conto: satengah lima, satengah genep,
satengah tujuh, dan satengah2 yg lainnyah).

On 9/17/07, Tatang Sariman <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Dupi ngetang ongkosna Cipaganti numutkeun jalmi atanapi carter, samobil
> 110rb dugi golodog teh kitu?  Sabaraha lami perjalanan tah Cipaganti atanapi
> Primajasa ti Cengkareng dugi Bandung? Aya kamungkinan macet kitu di jln toll
> kumargi rame marudik? hatur nuhun.
>

Kirim email ke