Langkung pangalaman naon ieu teh... ari taeun teh bet sok nempuhkeun ka
uing... tumpak Cipaganti kakara sakali, tumpak Primajasa oge karek sakali
(nu Garut/Tasik-Lebak Bulus mah ulah diitung, nya!! bilih lieurrrr)

Anu resep mah ari keur ngalangu ngadadago angkutan, atawa mun keur
ngahajakeun diuk salse, pan calo atawa supir sok aya wae nu nawaran, mun teu
kurang sabar mah sok keuheul ku getol2na maranehna nawaran. Tamba gado
ngaburayot, kadang sok der we diajak ngobrol... make basa Sunda! Jejerna mah
naon bae, ti mimiti jadwal travel nepi ka nanahaon ge dibahas. Ituna keukeuh
make basa Indonesia (da lain urang Sunda sigana mah), urangna keukeuh make
basa Sunda (kade we ulah nempokeun hayang seuri bisi digebug), antukna jadi
ituna nu kesel... leos we ditinggalkeun. Heuheu... dasar B 40 NK

On 9/17/07, Heryadi, Eddy <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    rupina kang Kumi  langkung pangalaman...
>

<http://kumincir.blogspot.com>

Kirim email ke