Sapuk abdi ge Kang Rahmat kana kasauran MH, contona we kamari tea waktos dina acara Golempang di Bandung TV sadaya pataraosan ngalangkungan telepun ti pamiarsa teh hoyongna diwaler ku Kang Miki, sakitu aya sababaraha urang Sunda kalebet Profesor tea... Saenamah supados digugu, kumaha pami Guru/Dosen Basa Sunda teh gentos we atuh ku urang asing? heheh...
ro2 ----- Pesan Asli ---- Dari: MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: [email protected] Terkirim: Senin, 17 September, 2007 1:41:33 Topik: [Urang Sunda] daya hidup basa sunda...mikihiro jeung Abag Surya sapuk sareng kasauran mang Mang Hasan perkara basa ieu. ke sakedap nyelang ka kang Miki. Jigana tos jadi hiji aksioma, dina perkara budaya, masyarakat teh leuwih "ngeh" lamun di bejaan ku urang lain sa -etnik. Contona ku alpukahna kang Miki, kasadaran (sabagean) Urang Sunda kahudangkeun, tibatan ku urang Sundana, sapertos ide/pipikiranana Abah Surya. (punten) diantawis urang Sunda sorangan jarang nu terang saha ari Abah Surya (Hidayat Suryalaga) teh. Internet, teknologi ieu nu tiasa ngawetkeun (paling heunteu) tina karuntuhan/kamusnah an budaya Sunda. Kamari nongton film dokumenter kang Ray Bachtiar, nembe kabayang kumaha luhungna pangajen Urang Sunda ka lingkungan Alam jueng "penciptanya" . Sababarah kali ngiringan diskusi SIMPAY anu medarkeun budaya Sunda, heunteu sa dramatis, nongton filmna kang Ray Bachtiar. Hiji hal mangpaatna teknologi informasi. Ceuk kuring mah penting, muter film kang Ray Bachtiar dina acara HBH engke. Kumaha tah kang Boim, tiasa heunteu? --- mh <[EMAIL PROTECTED] sunda.or. id> wrote: > ngan disisi lain, kuring mah rada optimis kana basa > sunda teh, ku ayana > INTERNET. katinggalina ieu media perlu dioptimalkeun > ku US pikeun miara basa > sunda. ngan deui wae, salila ieu di urang rada > kurang optimal dina > ngamangpaatkeun media komunikasi teh. contona media > kaset, jigana rada hese > neangan sumber keur diajar basa sunda dina ieu > media, lolobana mah apan ngan > ukur keur ngarekam lagu, teu pati aya nu dipake keur > media atikan, utamana > basa. >

