Assalamu'alaikum wr.wb
  Sampurasun nun,
   
  Kuring teh teuing ku resep pisan, alahbatan alahmanan, kana lalaguan Mang 
Koko/Ganda Mekar ti rumaja keneh, kitu lah ti taun ahir 60-an tug tepi ka 
ayeuna pisan.  Kaset-kaset asli Mang Koko nu aya di kuring tos di kana 
CD-MP3-keun jumlahna 93 lagu. Tapi asa "karek" keneh.
  Judul-judul kaset nu aya teh diantarana: Tukang Baso Tahu, Tepung di lamping 
Galunggung, Salam Manis, Beca, Guntur Galunggung, 10 kawih.
   
  Tah kuring meredih ka dulur-dulur anu sakaresep, sareng gaduh peperenian 
kaset asli Mang Koko sanes ti judul di luhur. Kuring nambut kasetna. Kitu lah 
lamina saminggu. Engke diwangsulkeun sareng CD-MP3-na sakantenan.
   
  Maksud kuring kukumpul lalaguan Mang Koko teh nyaeta supaya urang Bogor 
waranoh kana lalaguan Mang Koko. CD-MP3 teh dipasih-pasihkeun ka sakur nu 
resep, kalawan GRATIS !
   
  Di MGMP Basa Sunda oge sering diputer disela-sela acara. Sakur Guru Basa 
Sunda anu sakaresep mah tos garaduheun CDna. Eta ge dipasihan, Gratis.
   
  Dulur, SMS we ka kuring. Engke dipasihan Alamat Kuring di Bogor.
   
  Hatur Nuhun Pisan sateuacanna
   
  Wass.wr.wb.
   
  Uskar Sumarna
  Kd. Halang, Bogor
  HP : 08 11 13 15 65

       
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers

Kirim email ke