Padahal mah pamarentah buktikeun we atuhnya, data ti lembaga eta teh bener
henteuna lamun bener nya rek ngahampura SUHARTO mah gampangnu penting mah
hukum jalan jeung balikeun eta duit korupsi balikeun ka rahayatnya. Mantan
presiden pilipina oge anu asuk kauratan 10 besar lamun teu salah kitu ayeuna
geus di ponis hukum mati cenah eta oge ceuk koran.

Aya sabaraha hiji deui anu pikaseurieun BPK jeung MA keur ribut, si BPK
hayang ngaaudit MA cenah mah tapi si MA embung heu heu.....terus si BPK
ngalaporkeun MA ka Polisi he he.....terus ari nu engke mutuskeun MA salah
henteuna lain hakim/MA he he.......lieur euy.........

Terus Ketua PSSI asup penjara deui naha euweuh gantina kitu nu bisa jadi
Ketua PSSI ti 250 Juta penduduk endonesia ha ha..........?

Tos ah......wilujeng saum dinten ka 8 mudah-mudahan urang sadayana aya dina
ginanjar kawilujengan amiin.

baktos
ERN

On 9/20/07, MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>   Lembaga Internasional Dunia (PBB) ngavonis pangawasa
> Orde Baru, janten salah sawios anu ngagasak artos
> nagara nomer hiji. Kitu cenah warta di Kompas Cyber
> media dinten jumaah kamari. Salian ti eta aya warta
> deui cenah, salah sawios gegedug DPD (Dewan Perwakilan
> Daerah) MPR, tos bade diparios ku Kejaksaan Agung,dina
> kasus korupsi proyek Balongan/Pertamina Indramayu.
> Cenah mah tos nyungkeun ijin ka Panglima TNI, salaku
> atasanana, margi kapungkur bestatus aktif di
> katangtaraan.
>
> Puguh wae atuh matak ngageunjleungkeun, para gegeden
> disered ka (bali watangan?), hiji hal anu ti bareto
> diantos-antos ku rahayat. Lamun enya teh beja eta jadi
> kanyataan, puguh wae bakal mangaruhan kana situasi
> pulitik nagara. Pamarentahan SBY bisa (naek/turun)
> pamorna, lamun kalaksanakeun teh.
>
> Punten di luhurna mung janten bubuka wae, intina mah,
> kuring bade ngondang para KUSnetter, nganjang ka
> www.gracias-id.org
>
> baktos,
>
> mrachmatrawyani
>
> __________________________________________________________
> Tonight's top picks. What will you watch tonight? Preview the hottest
> shows on Yahoo! TV.
> http://tv.yahoo.com/
>
>  
>

Kirim email ke