ceuk babaturan kuring nu cicing di Pandeglang sabab musabab Banten misah ti
Jawa Barat, da salila ieu Banten teh ngarasa di jajah ku urang Pasundan.
kuring cicing di Bogor da barudak diajak ngomong basa sunda teh siga nu
hoream, kuring nyetel degung kalah dileutikan pajarkeun teh siga keur hajat wae
(siga nu era lamun kadenge kutatangga).
beurat ngajarkan basa sunda kabudak dilingkungan anu mayoritasna pendatang,
paling henteu lamun nyeukseukan budak sok ku basa sunda wae meh tong nyeri hate
teuing budakna hehehhehehe
tos ah...
Yayan Cilebut
dudin <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
punten nimbrung.
kuring ti bayah.
sakaterang kuring, wewengkon malingping ka wetan mah eta teh sunda. malah
rangkasbitung pandeglang ge mun aya acara nikah jsb, lolobana make adat sunda.
memang rada lieur ngajadikeun banten propinsi nu mandiri teh. iwal ti babagi
kueh wungkul.
----- Original Message -----
From: Aschev Schuraschev
To: [email protected]
Sent: Friday, 21 September, 2007 14:09
Subject: [Urang Sunda] Kumaha Perkembangan Basa Sunda di Banten?
Para wargi, pribados hoyong terang kumaha perkembangan basa Sunda di Banten.
Numutkeun wartos ti bu Sofi, cenah basa Sunda henteu diajarkeun di Banten mah
kumargi dianggap sanes basa Banten. Padahal pan di Banten kidul kalebet
kiduleun Tangerang, mayoritasna urang Sunda anu nganggo basa Sunda.
.
---------------------------------
Yahoo! oneSearch: Finally, mobile search that gives answers, not web links.