Bedong....... Leres murangkalih ayeuna langkung taregep dibandingkeun murangkalih kapungkur (margi murangkalih kapungkur ayeuna tos aki-aki sareng nini-nini, hi...hi...hi....) Leres dedeg pangadegna teu barengkung tapi kalakuan seueur barengkung kirang-kirangna para sepuh ngajaga sareng ngadidik leres-leres
Pami di sakola aya murangkalih anu rada-rada "cingeur" sok disebat kurang dibedong heu...heu....heu.... tong bendu nya???? sasih siam ke ditaroskeun ka pun biang nu kamari nembe lebet 84 taun yuswana ayeuna mah tos wengi teuing, janten parantos kulem, hawatos pami digugahkeun ngan ukur rek naroskeun bedong enjing nya....... caaaaggg herni boo ----- Pesan Asli ---- Dari: Agus Hermawan <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: [email protected] Terkirim: Senin, 24 September, 2007 10:16:12 Topik: [Urang Sunda] Dibedong.. Bari ngabuburit, ngobrol kaditu kadieu jeung batur kantor. Kulantaran ngobrol kaditu kadieu, nepi ka bab "ngurus orok". Jaman ayeuna mah, orok beureum ge sarena kudu nangkuban: cenah bakal alus keur paru-paruna, jeung sirahna moal peang. Beda jeung budak nu sare dinangkarakeun, sirahna sok siga jambe disabet bedog. Aya hiji nu kuring teu bisa ngajawab: orok sunda jaman baheula naha sok najan dibedong. Orok beureum teh kalahka dibeungkeut ku samping sapapareket, model mumi. Disiksa,dibulen, nepi ka teu bisa gerak. Cenah mah meh budak teh geus gedena teu bengkung. Mun jalu meh tegap siga satria, mun bikang meh seksi siga srikandi... Pertanyaana: naha orok ayeuna mah geus tara dibedong ge, gedena teu barengkung geuning...?? Cik... agushermawan keur orok cenah dibedong oge, mun maghrib sok dibura make panglay... ________________________________________________________ Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! http://id.yahoo.com/

