Perkara buku Si Buntung Jago Tutugan, di Bandung teh ceuk rarasaan geus kaubek 
neangan buku buku samodel kitu, di sim kuring aya lobana 40 jilid, ngan 
hanjakal kurang jilid ka 5, kakara manggih sanggeus ngubek tatar Bandung salila 
dua taun, manggihna ge teu dihaja ukur manggih di tukang loak di deukeut PUSDAI.
Asana perkara buku buku kieu kungsi dibahas dina Majalah Cupumanik, poe ieu 
Salasa 25 Sept 2007 pasosore aya nu nelepon ngan teu pertela saha-sahana, ceuk 
inyana rek tugas ahir perlu pisan buku Si Buntung, ku kuring dimanggakeun mun 
rek nginjeum mah, kitu ge lain sina ngembrek lila di inyana, tapi ngan sakadar 
mere luang pikeun motokopi.
Neangan buku buku karangan S.Sukandar jeung nu sejenna, kungsi manggihan ka 
anak-incuna, aya eta ge sabebed ti anu geus bulukan nepi ka anu rada alus 
keneh, ti tulisan asli nepi ka citakan, aya dua kardus, kuring jeung balad 
lahlahan keur nyalametkeun nya digantian sa-anu-eun.
Wilujeng "berburu" buku Kang...!!

MSas

  ----- Original Message ----- 
  From: alan susanto 
  To: [email protected] 
  Sent: Tuesday, September 25, 2007 11:50 AM
  Subject: Hal: [Urang Sunda] Re: Dongeng Andi jago tutugan


  nuhun pisan kana waleran nana, dupi ditoko buku ,aya kitu di wewengkon 
bandung ?
   
   

Kirim email ke