Aya deui kang Ndoel, nu ngaharamkeun puasa teeh, ngalamot curuk kang Ndoel, da bongan tilas ngorong, aya rasa na, hehehe.
awin From: [email protected] [mailto:[EMAIL PROTECTED] On Behalf Of ndoell Sent: Wednesday, September 26, 2007 10:35 AM To: [email protected] Subject: [Urang Sunda] es krim wall's -- nu haram "Ngopi teh haram siah Dul.." "Ceuk saha ?" "Ceuk uing .." "Pedah naha bet ngopi haram ?" "Ah teu naha-naha..." "Haaaar...arie bieu cenah haram ?" "Ceuk saha ?" "Atuh bieu ceuk maneeeeh...." "Owh kitu ?" "Enya !" "Maenya ?" "Enya ih !" "Ah piraku..." "Piraku-piraku, puguh heueuh tadi sia nu nyarita yen ngopi teh haram !" "Yey, nya tong ngambek atuh !" "Atuda maneh nu nyieun pikakeuheuleun..." "Saha ? uing ?" "Nya Enyaaaaa, pan titatadi ge ngobrolkeun teh maneh ! lain batur !" "Owh kitu ?" "Meugeus ah ! dewek teh keur puasa Jay bisi batal" "Owh puasa nyah ?" "Enya !" "Tah..ari keur puasa mah teu meunang ambek. Kudu nahan napsu. kudu nahan amarah. Kitu lin ?" "Atuda manehna pikakeuheuleun bae...." "Tuh, ku uing bae ge geus kagoda, komo deui ku setan ?" "hmmm...trus naon atuh soal nu tadi teh ?" "Naon ?" "Eta, soal ngopi haram..." "OWh..eta..." "Enya, kumaha ? naha bet haram...fatwa ti mana ?" "Ah lain fatwa timana-mana, ieu mah ceuk uing we.." "Heueuh kumahaaa ?" "Kieu Dul... ngopi, nge-teh atawa nyirop komo mun nyiropna make es batu teh haram, mun nginumna keur puasa, panas poe ereng-erengan.." "Har ari maneh ? atuh puguh weeee...." "Ari kitu kumaha ?" "Teuing ah..." -dul- --- In [email protected] <mailto:urangsunda%40yahoogroups.com> , Nandar Robbyana <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > Cau, kopi, apel, tiwu, aren lamun diproses jadi inuman anu disebut Liqueur tea eta anu haram di leueut, nyakitu oge kentang diolah Jadi Vodka, gandum Jadi Whiskey eta oge haram atawa cai aren di jantenkeun inuman Cap Tikus anu aya didaerah Sulawesi eta haram oge, > > tapi ari ngopi jeung tuang kulub cau mah teu haram. >

