Punten ka baraya Kusnet .. sim kuring, minangka Kuncen nuhunkeun rido galihna ka sadayana, rehna dina urusan popostingan, sing merhatoskeun ngeunaan :
Surelek / Imel kenging ti milis sejen samemeh di postingkeun ka ieu milis, wayahna dibersihan heula. alamat-alamat imel batur nu teu aya pakuat-pakaitna sareng milis Kusnet, piceunan ! biasana make panganteur : "dari milis tetangga..." "punten teu disundakeun..." Usahakeun di-inggriskeun heula, tapi pami teu tiasa, nya di sundakeun we.. Upami sakirana teu aya mangpaat sareng bipaatna, atanapi teu aya pakuat pakaitna sareng kasundaan, langkung hade teu kedah diposting. Upami tos mosting tuluy can nepi ka milis, wayahna sing sabar, tong hayeuh wae mosting nepi ka sababaraha kali bari jeung eusina eta-eta keneh. Kumargi, kuncen-na oge teu tiasa molotatan bae komputer. Ah, sakitu we heulaan, bade ngorong heula.. -dul- kuncen #8

