Kawitna mah Kang Kumiiiii...... ngantosan ahlina nu ngajentrekeun perkawis 'Ainurrohmah teh ari pek tos tilu dinten teu aya wae geuning! Nyobian ah sakadarna nu kahartos ku si kuring ti katerangan guru
"Ainurrohmah teh dianggo tatapakan di sakola, tempat kuring nguyang murangkalih. 'Ainurrohmah dihartoskeun "pandangan kasih sayang" (mangga ahli bahasa guar palebah asal usul kecapna) Guru minangka jalmi anu masihan atikan ka murangkalih. Nu tadina teu ngarti janten ngarti Nu tadina teu paham janten paham Sanes mung ukur jasmani, tapi oge rohani. Tinangtos atikan nu di pasihkeun teu sadaya tiasa ditampi kalawan sami ku murangkalih. Masing-masing kagungan pemahaman sewang-sewangan. Hal ieu gumantung kana emutan (daya tangkap sareng daya nalar) murid Dijantenkeunana, 'ainurrohmah, tatapakan dina proses kagiatan diajar diharapkeun murangkalih tiasa langkung gampil dina nampi atikan ti guru. Kumaha ngatik kalawan ' ainurrohmah teh? Contona caket pisan, sepuh urang utamina indung. (karaos panginten kumaha indung ngagulanggaper urang?) Moal di dongengkeun, cipanon geus nyurucud Kang Kumiiii... (Pun biang kaping 23 September kamari lebet 84 taun yuswana teu kiat mun kedah ngadongeng mah, punten ah..........) Tapiiii, ieu aya blog rerencangan manawi tiasa dijantenkeun referensi "Ibu adalah Sekolah Bagi Anak-anak", utamina paragraf ka 1 - 4 (pagawean teh mulungan weeeeee nyaaa.....heu..heu...) http://awan965.wordpress.com/ http://awan965.wordpress.com/2007/09/26/366/ (kawitna mah bade dicopy, tapi bilih panjang teuing) caag ah hapunten para ahli herni boo ----- Pesan Asli ---- Dari: kumincir <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: [email protected] Terkirim: Senin, 24 September, 2007 2:28:20 Topik: [Urang Sunda] ainurrohmah---Perkembangan Basa Sunda Euleuh... ari guru nya sok aya wae kekecapanana anu matak ngirut.... Cikan, Ceuceu... Hoyong dipangdongengkeun perkawis 'ainurrohmah'... Pami teu lepat mah anu 'ainu'-na ngandung hartos soca, sapertos dina 'ainulyaqiin', tapi ieu mah dituturkeun ku kecap ' rohmah'. Perkawis rohmah, ah ieu mah sigana bagean Ceu Roro.. heuheu... On 9/21/07, herni herningsih <[EMAIL PROTECTED] co.id> wrote: tangtos ku cara ainurrohmah numawi kuayana pangajaran basa Sunda dugi ka tingkat SMA teh kedah dimangpaatkeun ku urang -- sikandar kumincir.blogspot. com ________________________________________________________ Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

