Dina métromini, budak sakola gigireun kuring tibarang manéhna diuk, melong waé kana beungeut téh, ngan ku kuring teu pati dipaliré. Teu lila manehna beletuk wé ngomong.
"Bang...maaf, abang Rano Karno ya ?" bari melong ka kuring. Ngadéngé kitu téh, kuring jadi hayang seuri. "Bukan...", ceuk kuring. Rada bungah disangka Rano Karno téh. "Owh....", ceuk éta budak bari tuluy tungkul deui. Metromini beuki lila beuki pinuh. Pasesedek di jero teh. Kenékna jojorowokan sapanjang jalan, bari unggal pengkolan ngasupkeun panumpang. Padahal mah, nu naraék gé angger narangtung, da geus pinuh téa. Barang ngarérét budak sakola gigireun, budak téh pok nanya deui. "Bang, abang Rano Karno kan ?" bari melong nyidik-nyidik beungeut kuring. "Bukaaan, pan tadi udah di bilang ", ceuk kuring semu keuheul. Dipéngkolan, kuring turun. Budak sakola nu tadi diuk gigireun kuring gé milu turun, tuluy nungturkeun kuring. "Bang...! saya yakin pasti abang Rano Karno !" ceuk éta budak pok deui.. Emh..aya ku meni keukeuh pisan ieu budak teh. Jadi Rada panasaran ogé kuring téh. "Iya kan bang ?", pok deui nanya "Iya ! saya Rano Karno. emang kenapa ?", ceuk kuring dihajakeun. "Koq engga mirip ?", ceuk éta budak bari seuri tuluy ngabecir. heu..heu.. -dul-

