Kutan sae atuhnya, pononpoe tiasa kafoto mah. Duka janten naon upami panon poe
disangrai bulan bibubuy, jigana janten teh teh Roro.....he he.
Puguh si teteh keur ngudag-ngudag kikebo, mani hahehoh cape, sihoreng anu
diudag nyumput dibakus, pendak weh sareng teh Ro2, janten wae rame. tuh teu
nyambungnya.
Kumaha bade ngiring ka HBH, ulah heunteu ngiringnya teh, si ipeut mani atoh
pisan si kang Ndoel rek ngakod, cenah rek pakaulan mun si teteh ngahadiran ka
HBH. Nya ari tos kitu mah si teteh rek taki-taki, ......ngan teuing kuat teu
ngakodna..?..he he
ipeut
Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Alhamdulillah damang... Teteh nu awis tepang...ni langki ngulampreng ka
Bakus...heheh.
Eta teh gambar panon poe nu keuna ku efek Halo, mung sapotong da kahalangan
ku wangunan sareng nganjepretna nganggo camera digital alit... jaba serab deuih.
ro2
Roro Siti Rohmah
Sidola Computer Centre
Jl. Purnawarman No. 46
Bandung 40116
Phone : +62-22-4230230
Fax : +62-22-4208200
>>> [EMAIL PROTECTED] 09/28/07 02:06PM >>>
Haturan teh Roro, mani asa tos lami teu tepang. Kumaha damang..?
Uluh, eta teh naon.....???
nembe ge, bade nganjang , ieu babaturan ngahiap-hiap hayu.....
Tah sakieu heula, engkin urang sambung deui
ipeut
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com