dear,
kamari kuring mudik, ningali kaayaan istri nu keur hamil jalan 5 sasi... tras
ningali lembur teh sigana mah keur usum gararing nya.. aya kajadian lucu keur
kamari gogoleran di kamar hareup... kadenge aya tukang lampu templok nawaran
barang dagangannana ...aya saur ti tukang lampu templok teh dimajalengka ayeuna
keur digilir pareum lampu kulantaran aya proyek sutet teh.. tah engke ceunah
deui iyeu teh ti tukang lampu tea.. sumedang ge bakal kabagean.. pan
dilangkungan ku proyek sutet tah... jadi we lampu templok teh laris manis...
pasosore dicobian eta lampu templok teh ku uwa2na ti pun istri... jadol.. aya
nu rengat semprongna kakara ge di sulut keun apina, aya nu ngagebos api-na...
ah.. untung we mitoha teh can nyobian... tapi lain eta nu jadi persoalan teh..
nu jadi pertanyaan mah naha enya kitu majalengka teh keur "byar-pet"
giliran..?? trus bener kitu tanggal 5 sumedang ge bakal ngalaman kajadian iyeu
(byar-pet)?
mangga nu didamel di PLN sareng kroni na mun tiasa mah nga jelaskeun perkara
iyeu karunya urang lembur nu teu ngartieun nu karitu teh, dibohongan we ku nu
daragang lampu templok teh hehehehe
=======================================
Just because we are smart, don't think other people are stupid
Watashi wa Isuramu kyou desu
=======================================