upami teu lepat, kaulinan sondah dikawitan ngadamel heula garis kotak seueurna
8, eta mah ukuranana tiasa 40 cm x 40 cm, tos kitu pamael kedah nincak tiap
kotak, tapi kedah engkle, samemeh engkle ngalungkeun heula batu kenteng kana
kotak...tos kitu, ngurilingan kotak kahiji dugi ka 8.....tos kitu duka
hilap....he he, baheula sok maen sondah keur budak.....
Sorodot gamplok, mah ngalungkeun batu kenteng, kana batu deui, mun teu kena,
nu maen kudu ngakod.....meureun, hilap lah......
ipeut
(waas keur budak, siteteh mah resep sapitrong, sok menang wae sapitrong mah)
"ir.manz gantika" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
ass wr wb.
kaulinanna gatik,sorodot gaplok,bebentengan,sonlah,
abdi peryogi datana (aturan maena), abdi sareng rerencangan bade ngayakeun
perlombaan di kota cimahi sa SMA,mugi mugi kaulinan ieu bisa di kenal ku
barudak jaman ayena.
wasalam
----- Pesan Asli ----
Dari: tantan hermansah <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Sabtu, 29 September, 2007 5:07:04
Topik: Re: [Urang Sunda] Re: nyuhunkeun bantosan (Perkawis Kaulian Urang Sunda)
Naon anu disebut kaulinan Urang Sunda teh?
Naha kaulinan anu teknologina ngan dipiboga ku Urang Sunda? Atawa teknologi anu
ngan kaduga ku urang sunda.
Sigana, sabenerna Urang Sunda baheula oge hayangna mah ngabogaan kaulinan
momobilan anu make remot, buktina eta momobilna make awi panjang keur nyekelan
tur mungkal-mengkolna. Ngan teu kapikiran tehnolohina. Jadi we nu aya mah kitu.
Sigana, urang kudu mikir leuwih kahareup...haha. ..
tantan
On 9/28/07, indung peuting <[EMAIL PROTECTED] com > wrote:
Kang Dadan, damang..? lawasnya teu tepang sareng si kuring.
Kang..! eta kaulinan teh masih aya dikieuna..?, naha barudak ayeuna apal
teunya..? moal sigana ayeuna mah tos beda jaman. Jaman tehtologi tea......
ipeut
urang_cupumanik <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Manawi tiasa terangan, kinten-kinten sabaraha rupi kaulinan urang
Sunda nu diperyogikeunana, teras wangunna sapertos kumaha deuih, naha
kaulinan nu make alat (sapertos jajangkungan, panggal, rorodaan,
gatrik, kerkeran, kolecer, toleat, jste) atanapi nu teu make alat
(sapertos kakawihan, surser, ucing-ucingan, jste).
Kanggo kaulianan nu teu make alatan, aya bukuna "Kaulinanan Barudak
Sunda", tiasa ngumaha ka Ua Sas atanapi sumping ka perpustakaan Pusat
Studi Sunda.
Kanggo nu make alatan, tiasa ngumaha ka Sdrk. Ibnu Hijar Apandi
([EMAIL PROTECTED] com).
Sakitu manawi,
Hatur nuhun.
Dadan Sutisna
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id
Yahoo! Groups Links
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com
--
tantan hermansah
www.tantanhermansah .co.nr
"jig geura narindak; jeung omat ulah ngalieuk ka tukang!"
--siliwangi- -
---------------------------------
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo!
Answers
Send instant messages to your online friends http://uk.messenger.yahoo.com