Kahartos atuh ari kitu mah Kang Trisno, Pantesan atuh karakter jalmina benten, margi serat-seratan urang tiasa ngagambarkeun karakter masing-masing komo upami tos sering posting ka babakan mah tos apal pisan. Didieu urang moal bias atanapi sieup ku dedeg-pangadeg margi seuseurna urang kenal teh diawalan ku maos seratanana, tah naon-naon anu di-attacment Kang Trisno nenten sareng cara nulis sadidinten akang.
Saleresna sim kuring kantos nyerat perkawis Sunda jeung Islam teh eta-eta keneh anu geus salin jinis, tapi dimilis kisunda 2-3 taun nu kalangkung, bilih panasaran mah mangga bae dikotektak didata milis kisunda, bilih peryogi didiskusikeun deui nya hayu urang padungdengkeun deui ge tapi anu gaduh pamadeganana teu ngiring milis mah kumaha da moal tuntas, sok atuh Kang Dai-na lebet kadieu. wassalam, ----- Original Message ----- From: Trisno Yuwono Triss To: [email protected] Sent: Friday, September 28, 2007 3:54 PM Subject: Hal: Hal: [Urang Sunda] Maca urang Sunda Kasadaya na hampura ingsun, maklum kuring keur di ajar basa sunda nu bener jeung kuring memang masih "Gatek" sakali deui kuring menta di hampura jeung maklum lamun aya basa nu dianggap garihal jeung aya salah dina teknis susuratan kieu.....sakali hampura.... Kuring teu apal saha eta Athian Ali M. Da'i ngan kuring katitipan tulisan anu menanggapi eta tulisan Athian Ali M. Da'i...ku dulur kuring . Nya sabisa-bisa kuring ngotekta supaya eta 2 tulisan teh bisa di sebarkeun, jeung memang kuring oge hayang nyaho reaksi ti eta tulisan.....

