ah kang .. sayah mah teu heran mun malaysia kitu .. tapi urang ge tong gancang .. haok ngambek ... da bongan meureun eta ge salah ti urang-urang keneh. bongan saha atuh urang-urang teu ngamumule budaya sorangan .. jadi we di mumule ku bangsa sejen... masih untung aya nu nyalamatkeun .. heheheh tong bendu kang .. abdi ngadangu cenah sapertos angklung saurna di malaysia tos janten bahan ajaran di sakola dasar ,, tah tah tah ... naha bet di urang palajaran nu kitu janten teu aya nya .. atuh wayang cenah diaku .. cing .. ku akang ditaros ka barudak ayeuna ... tong waka barudak ayeuna .. sim kuring we (yuswa 30 tahun lalaki tulen... sanes promosi ieu mah da tos gaduh buntut).. ku rerencangan saangkatan pas kuliah dianggap aneh atuh kang .. naha maneh teh beuki-beuki teing kana wayang golek .. asa ku aneh cenah .. hahahahahah
ayeuna mah tong ngemut sareng ribut bangsa sejen anu aakuan budaya urang tapi kedah ngemut kumaha kapayunna budaya urang sangkan tong diaku deui ku bangsa sejen ... cag ah... wassalam firman ----- Original Message ----- From: Agus Hermawan To: [email protected] Sent: Monday, October 01, 2007 1:37 PM Subject: [Urang Sunda] Malaysia Bedul !! He..he siapa sanggeus batik, angklung, wayang dipatenkan marenehna, Tah kawih "Rasa Sayang" oge direbol Malaysia. Bedul teh! Sila klik videonya di http://www.youtube.com/watch?v=_J-WPdBSS6c Mangga, murang-maring deui... dan ngan ukur bisa kitu nya urang mah.. :)) USH ------------------------------------------------------------------------------ No virus found in this incoming message. Checked by AVG Free Edition. Version: 7.5.488 / Virus Database: 269.13.30/1030 - Release Date: 9/25/2007 8:02 AM

