Tah eta.......
Ene teh kantos kuliah di fak MIPA jur Kimia
janten dugi ka tiasa nganalisa, narik kacindekan
walhasil kitu we aplikasina kana peuyeum ketan
eta teh nembe peuyeum, duka nu sanes na mah
Incu? ihhhhhhhh tong ditaros incuna lalenger
peuyeum nembe dibungkusan siang
sonten tos diintip, numawi disingsieunan ku peso
hi..hi...hi....

herni boo


----- Pesan Asli ----
Dari: trias santosa <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Senin, 1 Oktober, 2007 9:43:04
Topik: Re: Hal: [Urang Sunda] re: Peuyeum Ketan

Teu kenging nyarios, kanggo ngajagi kabersihan, sanes nanaon, bisi muncrat, 
langkung sae dui dimasker siga di pabrik Indofood.
Sagala rupi nu difermentasi kedah bersih, boh wadahna, barangna, hawana, oge 
prakprakanana kedah apik.
Dihandapna disimpenan peso eta sami sareng nyumputkeun peso, bilih dioprek ku 
incuna, hayoh ke peuyem ketanna dicacagan.
Rumaos teu... he he...  punten ah teh Herni... 
 
TS  

herni herningsih <[EMAIL PROTECTED] co.id> wrote:
Almarhumah pun Nini pami ngadamel peuyeum ketan raooosss pisan
bubuhan pituin urang Kuningan.
Pami nuju ngadamel peuyeum teu kenging nyarios
kedah ngabetem, aya henteuna hubunganana sareng permentasi?
pami tos dibungkusan ku daun jambu
lajeng dientepkeun dina wadah
di handapna teh sok digolerkeun heula seuseukeutan
peso atanapi naon wae, tapi biasana mah peso
Pami ditaros kunaon-kunaonna tara ngawaler
da eta panginten teukenging nyarios tea hi..hi...hi. ..
 
hern boo


 
----- Pesan Asli ----
Dari: etom ethom <[EMAIL PROTECTED] com>
Kepada: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Terkirim: Senin, 1 Oktober, 2007 4:53:21
Topik: Re: [Urang Sunda] re: Peuyeum Ketan


tapi nu edun rasana mah produksi cibeureum tea nya kang....
 
teh roro nu pangalaman kanu kaseum-haseum teh, boa juragan peuyeum nya...


----- Original Message ----
From: Roro Rohmah <Roro.Rohmah@ Sidola.com>
To: [EMAIL PROTECTED] ups.com
Sent: Monday, October 1, 2007 1:27:27 PM
Subject: [Urang Sunda] re: Peuyeum Ketan


Tah…tah… rada ilmiah pedaran ieu mah, Kang Ndoell. Muhun, nya diemut-emut 
mah karunya ka tukang peuyeum nu tos nikah, haseum we panginten…heheh.
Jigana di Wado mah, biasa kana tahu ari pek kana peuyeum bari tara wawasuh 
panangan komo deui teu ibak heheh… tos ah, asih saum!
 
Haturnuhun Kang Ndoell,
ro2
 
>>> [EMAIL PROTECTED] com 10/01/07 11:03AM >>>

Kuningan ayeuna janten sentra produksi Peuyeum Ketan,
Peuyeum nu dibungkusan ku daun jambu, diwadahan kana
ember hideung, matak katelah "Peuyeum emberan".

Saur salah sapuluh produsen peuyeum, anu paling penting
dina proses ngadamel peuyeum teh, nyaeta kedah bersih.
Panangan kedah dikumbah, komo tilas ngorong mah (jigana
bilih peuyeumna henteu janten asin). teras ibak heula meh 
teu kesangan. Jadi, jigana mah palakiah-na mah mung kedah 
"bersih & steril" wungkul.

soal nu sejen mah...ah mitos we eta mah...
da mun enya kitu mah, atuh karunya ka tukang peuyeum..
da ngadamel peuyeumna ge tiap dinten..kabayang meureun...
heu..heu

Pami amengan ka Kuningan, di pinggir jalan seueur nu icalan
eta peuyeum emberan. Salian ti peuyeum, produk leueuteun 
Sirop Jeruk Nipis oge seueur. Botolna diborongsongan ku awi, 
meh gampil ngajingjingna. Sami jiga peuyeum, seueur diical 
dikios2 pinggir jalan.

Naha diicalan di pinggir jalan ? soalna mah mun 
ditengah jalan mah ngahalangan mobil nu liwat..

-dul-
tukangteuing






Tonight's top picks. What will you watch tonight? Preview the hottest shows on 
Yahoo! TV. 





Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di bidang Anda di Yahoo! 
Answers 




Be a better Heartthrob. Get better relationship answers from someone who knows.
Yahoo! Answers - Check it out. 
__._,_..___ 
Messages in this topic (0) Reply (via web post) | Start a new topic 
Messages | Files | Photos | Calendar 
Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

 
Change settings via the Web (Yahoo! ID required) 
Change settings via email: Switch delivery to Daily Digest | Switch format to 
Traditional 
Visit Your Group | Yahoo! Groups Terms of Use | Unsubscribe Recent Activity
 19New Members
 2New Photos
 1New Files
Visit Your Group 
Best of Y! Groups
Check it out
and nominate your
group to be featured.
Search Ads
Get new customers.
List your web site
in Yahoo! Search.
Fitness Challenge
on Yahoo! Groups
Get in shape w/the
Special K Challenge.. 



      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke