Kangge perbandingan, sim kuring pagawe kontrak, damel saminggu 40 jam, jatah 
cuti 30 dinten, cuti bareng ahir taun 4 dinten, cuti bareng hari kejepit (senen 
atawa jumat) 2 dinten, libur nasional 9 dinten, sesa cuti bebas 24 dinten 
(ampir 5 minggu kalender). Upami nyandak cuti nu aya libur nasionalna, tiasa 
pleng 5 minggu pakansi. Komo mun nyandak cutina akhir taun mah tiasa 6 minggu, 
teori. Dina praktekna mah kumaha kebijakan atasan sareng seueur henteuna 
padamelan di kantor, ngan tetep hak cuti 30 dinten sataun kedah dicandak upami 
alim hangus mah. Masih ditambih cuti husus (upami karandapan) nyaeta cuti teu 
damang, cuti istri ngalahirkeun 2 dinten, cuti pindahan 1 dinten, cuti anggota 
keluarga ngantunkeun 2 dinten (sepuh nu opat, istri/suami, anak).
  Upami aya urusan ka bank, 2 dinten dina saminggu (seuseurna bank dinten 
salasa kemis) buka dugi ka jam 6 sonten. Nya kitu deui seueur kantor kantor 
pelayanan umum 2 dinten dina saminggu buka dugi ka jam 6 sonten. Ondangan orang 
tua murid geus tangtu di luar jam ngantor.
  Masih ditambah aya aturan jam ngaret (flexi time) lain hartina ngurangan jam 
digawe, ngan bisa digawa sapoe kurang ti 8 jam, ngan kudu digantian di poe poe 
sejen leuwih ti 8 jam, pokona asal jangkep saminggu 40 jam atawa sabulan saanu 
jam (gumantung jumlah libur nasionalna).
   
  Wasalam.
  Kang Trias
    


Die Cikiray <[EMAIL PROTECTED]> wrote:          Untung abdi mah sakadaek  cuti 
teh teu aya nu ngatur2, nurutkeun teuing kaaturan lah, da nunyieun aturana oge 
kadang maranehanana nu ngalanggar

Naufal Fajar Gumati <[EMAIL PROTECTED]> wrote:    Baraya !
   
  Ka anu bade marudik, sigana kedah diatur deui tah rencana liburna, ieu aya 
wartos ti detik.com ngenaan cuti massal anu di perpanjang. Mangga nyanggakeun
   
  
http://www.detiknews.com/indexfr.php?url=http://www.detiknews.com/index.php/detik.read/tahun/2007/bulan/10/tgl/02/time/085814/idnews/836627/idkanal/10
 
   
  Baktos,
   
  DNFG

    
---------------------------------
  For ideas on reducing your carbon footprint visit Yahoo! For Good this month. 
  

                         

       
---------------------------------
Moody friends. Drama queens. Your life? Nope! - their life, your story.
 Play Sims Stories at Yahoo! Games. 

Kirim email ke