Assalamualaikum baraya.... kumaha daramang?, mugia sadayana aya dina panangtayungan Allah SWT. Baraya, sim kuring nuju bingung, masalahna Insya Allah tanggal 17 Oktober engke, sim kuring deuk boga budak anu munggaran, saur dokter mah budak teh " utun ", nu ngabingungkeun teh masalah mere ngaran budak, nyaeta hayang na mah ngaran budak teh nu islami sareung rada nyunda, memang loba pisan referensi ngaran di internet, ngan kalahka jadi lieur euy..... susuganan di milis ieu aya anu tiasa masihan nami kanggo si utun anu sesuai sareng kahoyong sim kuring, ari sim kuring pribadi resep pisan kana ngaran " IZZ" anu artina kakuatan, mung bingung nuluykeunana.... sok atuh baraya, punteun disuhunkeun tulungna.... hatur nuhun sateuacana....
salam kompak Edi Junaedi / Edo....

