Teh Roro ieu aya dongeng, upami tos terang, wios, kangge baraya kusnet nu tacan
terang we: Thomas Alfa Edison, jalma bodo tapi peinter, nu nyiptakeun bohlam,
sok sagala hayang nyaho. Dina hiji mangsa manehna nalungtik, kumaha prosesna
tina endog hayam janten anak hayam. Rengse panalungtikan manehna meunang
kasimpulan, panga endog hayam tiasa janten anak hayam kulantaran
disileungleuman lilana 21 poe. Hiji mangsa hayam piaraanana sanggeus ngendog
sababaraha hiji, si hayam teh (tangtuna ge hayam bikang), paeh. Eta budak kasep
Edison ngarasa lebar, endogna hayang jadi anak hayam, atuh manehna ngahaja,
lain kapaksa, nyileungleuman sorangann endog hayamna di kandang hayam.
Babaturanana heraneun "Edison, kunaon maneh sare di kandang hayam?" Edison
ngagorowok "Aing keur nyileungleum deuleu..."
TS
Roro Rohmah <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Hehehe...aya-aya wae.
Kang Trias, janten emut waktos abdi alit keneh...ngiring gadongeng sakedik,
ngangge basa loma.
Harita keur bulan puasa sababaraha poe rek ka Lebaran, kabeneran kulawarga
kuring keur di Wado.
Sanajan nini kuring boga meja makan nu panjang lengkep jeung korsihna, tapi
angger dalaharmah sok resep lesehan dina bangku panjang nu dijieun tina kai
jati 2m x 2m. Ameh rada katingali alus, ngahaja ku nini kuring ditutupan ku
palastik hideung, handapna dipapaes ku lawon kelir kopi nu dirempel.
Hiji poe, sabada beres buka, sakumaha biasa kulawarga kuring sok
ngawarangkong bari ngadengekeun nu ngaji saacan breng tarawehan, da kabeneran
imah teh hareupeun masigit. Bari ngawangkong, kuring ngome endog.
Endog timana eta?, ceuk Bapa kuring nanya.
Pamasihan ti Ema (pun eyang), tadi siang, tembal kuring.
Cing saha nu bisa nangtungkeun ieu endog, ke dibere bonus
, ceuk bapa kuring
ngabewarakeun sayembara.
Atuh puguh kuring & adi-adi parebut paheula-heula, kumaha carana meh endog bisa
nangtung.
Sanggeus dicobaan sababaraha kali, euweuh nu bisaeun
Wah, ieu mah masing kalahka butak ge moal bisa nangtung
! ceuk kuring
pegat pangharepan.
Tungtungna, taraluk.
Ma nya kitu-kitu we teu bisa?! ceuk Bapa kuring ngalelewe.
Da heseeeee
.! tembal kuring & adi-adi.
Cik ari ieu endog asak tawa atah?
Asak atuhhh
Wah, babari ari kitu mah
.
Pre!!! Ndog teh nangtung!.... bari peupeus handapna.
Harrrrr
. Ari kitu mah titatadi ge bisa! reang patembalan.
Tah, eta ngarana Endog Columbus hehehe
ro2
>>> [EMAIL PROTECTED] 10/05/07 11:41AM >>>
"Teliti sebelum membeli", matakan kedah apal bentukna, warnana, kasarna, upami
ku sipat sipat eta teu tiasa keneh dibedakeun jeung nu asli, kapaksa
dipeupeuskeun hiji hiji, pamohalan upami tiasa persis sami luarna jeung jerona.
Upami sami persis eta memang endog asli, nu palsu lain endogna tapi "berita"
na.
Hiji deui, upami dipeupeuskeun teu tiasa peupeus, jeung hargana sami sareng
harga endog, eta mirah, enggal peser, eta endog hiasan.
Kang Trias
---------------------------------
Moody friends. Drama queens. Your life? Nope! - their life, your story.
Play Sims Stories at Yahoo! Games.