Sampurasun ngiring nimbrung ah...etang2 ngabuburit

Jadi sistem naon atuh anu sesuai jeung ideologi nagara (Panca Sila) jeung 
sistem anu bisa nerap jeung ditarima alam pikiran budaya bangsa Indonesia 
sangkan urang teu palid dina arus globalisasi. Jeung ceuk kuring mah si 
soeharto mah teu ngajalankeun demokrasi Panca Sila, fasis weh si eta 
mah....("Panca Sila sebagaimana hanya merupaken kedok") ......he..he..he..

Sakanyaho kuring nu awam, sistem politik/pemerintah ngan ukur aya 2 nyaeta 
kapitalisme jeung sosialisme, duka teuing mun aya varian nu lain mah.....

Ari kudu jujur mah kuring teu satuju  jeung sistem politik ayeuna nu make multi 
partai, beuki loba partai nu siga ayeuna lain melahirkan negarawan atawa 
pemimpin pejuang rakyat kalah ka ngalahirkeun "pemain2 politik" anu 
mengendalikan ieu nagara, kabeh partai aya nu ngabandarana jadi kabijakan 
partai kumaha ceuk kahayang bandar nu boga duit..........

Tos ah sakitu heula ....










----- Pesan Asli ----
Dari: MRachmat Rawyani <[EMAIL PROTECTED]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Jumat, 5 Oktober, 2007 5:09:45
Topik: [Urang Sunda] Ngobrol Globalisasi- Proses atawa Gerakan ?...pakaitna 
jeung Sistem?


Patarosan kuring kana pasualan dihandap, naon pakaitna
globalisi jeung sistem?
aya sababaraha hal anu ceuk kuring mah kedah
dipikapaham ku urang sadaya. saba lamun teu aya
cecekelan anu pageuh, boa-boa urang ngan bisa palid ka
"lautan" global.

penjelasanana teh kieu. Upama urang nengetan, di era
kawas ayeuna, masih aya nagara jiga Kuba anu nganut
garis komunis, masih aya nagara Burma anu nganut
leungeun beusi militeristis. Dua nagara eta teh masih
ajeg nepi ka ayeuna, diantara nagara-nagara sejennya
anu cenah nganut paham demokratis. (entong nanyakeun,
kumaha kaayaan rahayatna). anu jelas eta dua nagara
anu dianggap paling heunteu demokratis masih bisa
ngalaksanakeun pamarentahanana. Baheula nagara laos
dipingpin ku Polpot anu nganut ideologi komunis ngan
sanggup "bertahan" sababaraha taun wae. atuh nagara
urang oge salami 32 taun tiasa ngalaksanakeun
"demokrasi Pancasila".
Jadi kacindekanana hiji nagara jalan teh (naon wae
paham ideologi, sistem pamarentahanana) kusabab aya
sistem anu ngadukung jeung aya jalma-jalma anu sakuat
tanaga ngusahakeun sangkan sistem eta bisa jalan. Aki
Ato, lengser kaprabon, kapaning barang kanyahoan para
pendukungna (ampir mayoritas para menterina heunteu
ngadukung deui kana kawijakanana).

Tah, jigana proses/gerakan globalisasi oge kitu, lamun
teu aya sistem anu ngadukungna, moal aya pangaruhna
naon-naon. Tapi masalahna, urang tos ngilu "ancrub" ka
leuwi globalisasi, nya kudu ditarima resikona baseuh,
atawa "tikerelep" sakalian.
Lamun enya pamingpin urang mikanyaah ka rahayatna,
kuduna mah ngusahakeun sangkan teu tikerelep.

baktos,

mrachmatrawyani

--- surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:

> Jelang buntut minggu urang ngobrol santey masalah
> Globalisasi.
> 
> Globalisasi..Naon eta teh ? Saha wae anu nganiley
> eta
> ? Kumaha Nagara urang naggapna ?
> 
> Sacara popular loba pisan anu nganggap yen
> Globalisasi
> teh samacem gerakan..kulantaran mindeng diowor2
> kunagara maju, kaum intelek..kaum pengusaha
> international jeung para Birokrat. Bener kitu ? Mun
> ditingali tina kajadian prosesna mah…Globalisasi teh
> nggeus jalan leuwih ti 100 taun katukang. Kulantaran
> aya kagiatan manusa dina dunia dagang..ti mimiti
> domestik , terus antara wewengkon, ningkat antara
> Nagara..nepi ka sakubeng dunya. Sajalan jeung
> kamajuan
> teknologi khususna diwidang angkutan jeung
> telekomunikasi jeung IT, ieu kagiatan dagang teh
> luar
> biasa majuna..sampe2 cenah teu ngenal batas Nagara. 
> 
> Kulantaran kamajuan teknologi ieu, teu bisa
> dibendung
> deuinya eta timbul pargerakan manusa antar
> Nagara..neangan boh gawe, boh dagang….timbul
> pananaman
> modal dinagara sejen atawa sabalikan ti batur
> kaurang.
> Kasempetan ieu loba digunakeun ku Pausahaan raksasa
> (TNC/MNC) anu salawasna neangan kasempetan keur
> neangan kauntungan sagede2na. Kulantaran efek
> atanapi
> akibat pargerakan manusia ieu.terus proses
> Globalisasi
> ieu dihartoskeun oge kana pargerakan budaya jeung
> sosial. Mun nggeus tepi kana masalah budaya jeung
> sosial, nya terusna  ngarembet mangaruhan kana
> Pulitik
> jeung tina dagang ngaluas kana sistim Ekonomi.
> 
> Naon hasil proses Globalisasi teh ? Naha ieu Peluang
> atanapi Ancaman ? Nya keur Nagara atanapi jelema anu
> ngartos sareng tiasa ngamanpaatkeun ieu proses ieu
> tangtuna Peluang, sabalikna keur anu kagele
> kulantaran
> teu tiasa ngamanpaatkeun proses ieu nyebatna
> Ancaman.
> Saha wae cing anu ngaraos ka Ancam ?  Utamina
> Nagara2
> miskin anu nganut sistim ekonomi katutup sareng Kaum
> padamel di Nagara Maju. Sieun aya “banjir” padamel
> murah ti Nagara kirang Maju anu bakal ngageser
> posisi
> maranehna. Ti urang ngan masih tingkat TKI jeung TKW
> unskill. Anu skill kawate ka Kuwait, Abu Dhabi,
> Korea,
> Jepang sareng Silicon Valley.
> 
> Kumaha hasil proses ieu ayeuna di efekna kana
> kasajahteraan Nagara jeung jelema.



       
____________________________________________________________________________________
Be a better Heartthrob. Get better relationship answers from someone who knows. 
Yahoo! Answers - Check it out. 
http://answers.yahoo.com/dir/?link=list&sid=396545433


Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or.id

Yahoo! Groups Links




      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke