Upami sikuring sok rajeun ngadangu kecap "heuyeuh", hayeuh atanapi yeuh teh. 
Duka tah asal kecapna, duka tina ieu...ngangge h janten ieuh tiasa oge tina 
yeuh...
  Conto kalimah anu ilahar di lembur mah:
   
  1. Yeuh mere cau..janten hayeuh mere cau. 
  Sakapeung sok aya nu nganggo dina kalimah, "Di hayeuh-hayeuh oge, tetep we 
mugen budak teh!" Dihayeuh-hayeuh/diheuyeuh-heuyeuh...ditawaran leuwih ti 
sakali....oge nu ditawaranana lain alim tapi era nampa. 
   
  2. Heuyeuh oge remen dianggo keur nerangkeun kaayaan nu sifatna ngagoncak, 
ngageuhgeuykeun atawa nyindiran hiji pagawean. 
   
  Heuyeuh barobogoheun kadinyah! Netelakeun yen nu bobogohan leuwih ti sapasang.
   
  Tapi duka ketang, eta nu kacerek ku si kuring jadi sifatna subyektif jeung 
gumantung kana kalimahna nu ilahar dipake dihiji wewengkon....duka tah dina 
kamus bahasa Sunda. hehe
   
  siporenges
  

Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
            Asa nembe terang kecap "heuyeuh", upami 
  "heuyeuk" anu hartosna heucak pare,
  aya deui : heuyeuk hartos na = ngolah dina kecap
  "ngaheuyeuk dayeuh ngolah nagara" = marentah nagara/mingpin......
   
  ssw

Irma Dana <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
        kang, teteh ....punten bade naros naon hartosna "heuyeuh"
   
  hatur nuhun,
  Irma Dana
http://dawala.wordpress.com [lagi belajar nulis]
http://www.friendster.com/dawala 
   
   
  





  http://cikundul3.multiply.com
  Tong nyaliksik naon nu bisa dicokot ti kiSunda
  Tapi talungtik naon nu bisa dibikeun ka kiSunda
  

                         

       
---------------------------------
Catch up on fall's hot new shows on Yahoo! TV.  Watch previews, get listings, 
and more!

Kirim email ke