Nengetan beja arus mudik dina media, pangpangna mah dina TV, kuring jadi 
hemeng, ti iraha Nagreg  dirobah aranna jadi nagreK? Ngan SCTV jeung ANTV 
anu bener nulisna teh. Detikcom oge ngiluan salah, dina salah sahiji 
wartana, nagreg ditulis nagrek. Lebaran taun kamari Kompas nu salah, padahal 
beja macet di Nagreg, beja utama (Head line), ngajeblag di kaca 
panghareupna. Sigana lila-lila kecap Nagreg nasibna bakal sarua jeung kecap 
OJEG jeung CILEDUG nu robah jadi OJEK jeung CILEDUK .....

Baktos,
WALUYA



 

Kirim email ke