Yayan Mulyana
mailto:[EMAIL PROTECTED]
SUKONG
Dina hiji tempat nu lumayan rada lega, aya dua budak nu keur ngadu
kaleci. Ieu tempatna mah di buruan imah nu kebul, sabab hujan geus rada lila
teu turun di ieu tempat. Jeung na deui tempatna oge lumayan rada teu rata loba
batu nu mucunghul jeung tembok da deukeut pisan ka imah teh.
Ceuk hiji budak teh, ngadu kaleci yuk mi lima daek teu, sok lah
ceuk hiji budak teh bari ngaluarkan kaleci na nu ukuranna na mah standard,
sabab didieu mah jarang ngadu kaleci teh make golondo teh. Sok komo kaleci na
teh masih alalus keneh jeung ceuk manehna mah mun meli kaleci teh 100 perak teh
meunang 6 kaleci.
Maen naon euy, ceuk si pillong teh budak nu umurna rada geus
dewasa kira-kira aya 17 tahun-an mah, nu hiji deui mah ngaranna si soleh
umurna masih 13 tahun keneh mah jigana masih sakola di SD keneh, urang maen
buledan weh ceuk si soleh teh bari nyieun buledan laju si kaleci teh di
simpen ditengah buledan jeung si pillong ge nyimpen kacelina.
Urang ber hiji ach, manu dua nya, ceuk si Soleh bari ngalungkuen
kojo na. Si kojo na si Soleh mah pangkur na, laju weh maneh na,
nyentang si kojo na ka buledan nu loba kalecina, ctes sora kalecina beunang
ka gundukan kalecina nu loba,kalecina na paburisat nang hanjakal si kojo teh
depot antukna si Soleh eleh maen kalecina.
Laju weh si Soleh , ngadu deui mi lima deui ach, jeung maneh na
ber hiji deui, nang manehna rada deukuet ka buledan teh, si Pillong
ngamimitian nyentang kaleci na bari make gaya torolong nya si kaleci nu aya
dibuledan teh rada ka potes nang sabab kena ka si soleh nu ngahalangan
antukna ceuk si pillong teh blep ach, da posisina ngeunah pisan, si soleh teu
eleh geleh dur ach, nya si pillong ngelehan antukna si soleh rada ngalungkuen
kojo na si pillong rada jauh.
Si soleh nyentang deui kalecina, kaleci nu loba teh paburancak deui
tinggal nyesa deui babaraha hiji, laju weh maneh na nyentang deui ceuk si soleh
teh standing mah ngeunah euy nyentang na laju weh maneh na bebe ka buledan
nu tadi, ayeuna giliran na si pillong nyentang kojona ctes benang kaleci nu
dijero nang hanjakal si kalei teh neunggar tembok bari beunang deui ka si
kaleci nu aya di jero buledan. Ceuk si soleh teh teu ban balik ach,
nya ngelehan weh si Pllong teh, sabab kojo na teu jauh jeung buledan teh, nya
manehna nyedet si kojo ka arah kojo na si Soleh, nya antuk na jadi stick
si Soleh eleh deui, teu kungsi lila datang hiji budak deui nu umurna sababad
jeung si Pllong, Sukong lah urang jeung maneh leh, ceuk si Aris. Ke deui ach,
urang geus eleh wae jeung si Pillong, si Pillong naratas deui mana pamuntahan
na kaleci teh dieukeun, si Soleh mere pamuntahan na, urang maen rentegan
daeuk teu maneh Sukong jeung si Aris. Mun menang
kieu wae mah urang bisa meuli tebeng keur motor yeuh ceuk si pillong.
Cag ach.
---------------------------------
For ideas on reducing your carbon footprint visit Yahoo! For Good this month.