Lebaran kumpul ngariung sabatur-batur, batur ulin – batur sakola mangsa keur 
budak. Biasa, mun geus kitu sok parea-rea omong, tapi lain hartina pasea, ieu 
mah maksudna teh pabau-bau sungut, paloba-loba hitut, heu heu heu. Der ngaradu 
dongeng, nya atuh kuring oge ke heula anan mun kudu asin !
   
  Haturan kang Hawe, kang Dadan, Teh Reni, Ua Sas sareng sakumna wadya balad 
Cupu Manik. 
   
  Salam baktos haturan kang Ganjar (Prof. DR. Ir. Ganjar Kurnia, DEA),  kang 
Ipin (Prof. DR. Ir. Mahfud Arifin, MS), kang Iim (DR. Ir. Iim Ibrahim, MS), 
hapunten teu acan tiasa nepangan, jalaran nya kitu tea ….. sun …… pabaliut !
   
  Kum ka sadayana, utamina nu ngageugeuh ramat loka Ki Sunda sareng Urang 
Sunda, pon kitu deui Baraya Sunda, wilujeng boboran siam mugi kersa ngahapunten 
samudaya kalepatan lahir tumekaing batin. Minal’aidin wal faidzin, 
taqobalallohu minnaa waminkum, shiyamanaa washiyamakum. Kullu aamiin wa antum 
bikhoir !
   
  Si Kabayan Raheut Curuk
  Kacaturkeun di lembur Salikur Rahul keur mangsana usum langlayangan. Abong 
heueuh keur usumna, nu maraen langlayangan teh sihoreng lain ngan ukur barudak, 
tapi oge aki-aki jeung nin …….. eh, bit ! Euweuh ketang nini-nini mah !
  Si Kabayan teu tinggaleun, harita teh keur getol nyieunan langlayangan keur 
pakeeun jeung keur jualeun. Lumayan cenah keur meuli suluh ! Da nyaeta ari kudu 
ngala sorangan mah sangheuk cenah, bongan sok matak cape !
  Urang susul nurutkeun judul, urang teang gancangna carita, tengah peuting 
keur jemplang jempling Si Kabayan ngahariring lir anu keur humarurung, aeh 
tibulak, kuduna mah humarurung lir ucing gering keur ngahariring, atra pisan 
kadengena ku sang garwa, Si Kabayan lir nu gering kanyenyerian. Atuh geuwat 
Raden Ajeng Nyai Iteung ngorejat hudang, seja narok aeh nakon ingkang panutan, 
na ku naon bet humarurung kawas nu nguyung.
  Kieu cenah gunem caturna Si Kabayan (K) jeung Nyi Iteung (I) teh :
  I    :      Ku naon akang, geuning bet humarurung ? Tiris ?
  K  :      Lain Nyai, lain tiris, tapi ieu curuk kami nyanyautan !
  I   :       Cikan ngilikan !
  K  :      Yeuh geura jeueung ku Nyai, curuk kami mani bukekeng, jadi sagede 
kieu !
  I   :       Ah, sagedena oge curuk, moal sagede eta !
  K  :      Hus, bet geuning jorang nyaneh mah Iteung !
  I   :       Jorang kumaha ari akang !
  K  :      Geuning bieu bet make nyebut sagede “eta”. Ari “eta” teh naon ?
  I   :       Maksud Iteung mah sagede ieu akang, ieu yeuh ……….. halu lulumpang 
!
  K  :      Ih, ari sugan teh !
  I   :       Hayu atuh akang, cuang ka kandang munding, ke di ditu cuang 
ubaran !
  K  :      Ari nyaneh Iteung, minculak teh kabina-bina, nanahaonan uubar di 
kandang kebo !
  I   :       Saur Abah ………….. mun isuk jaganing geto urang ngalaman raheut 
curuk, (tah 
  kawas akang ayeuna), lelepkeun we kana “eta” munding bikang !
  K  :      Montong kalah ngaheureuyan deuleu Iteung, curuk kami teh enyaan 
nyeri !
  I   :       Ongkohna ge saha nu ngaheureuyan, da ieu oge enyaan. Hayu cuang 
buktikeun !
  Si Kabayan eleh geleng, kuniang hudang, terus ngikclik nuturkeun ingkang  
garwa. Kabeneran peuting harita teh bulan keur mabra, bubuhan keur tanggal 
wewelasan. Gancangna carita, tepi weh ka kandang kebo tea Kabeneran munding 
bikang teh depana nonggeng ka luar. Mokaha, mebeskeun curuk kana “etana” teh 
teu matak  hese da bisa dirongkong ti luar.
  I    :      Sok atuh atuh akang lelepkeun curukna.
  Si Kabayan nurut, tapi gancang dibetot deui.
  I    :      Ulah ngan ukur anclom atuh akang, anggur keueumkeun sing rada 
lila !
  Si Kabayan nurut deui, curukna dilelepkeun deui, ayeuna mah terus 
dikeueumkeun salila-lila. Kakara diludang sanggeus Nyi Iteung ngajakan balik. 
Enya we, curuk Si Kabayan teh ayeuna mah kempes bari jeung teu nyeri deui 
cenah. Ngan orokaya, heuleut sababaraha peuting ti harita, pareng dina tengah 
peuting nu sepi jempling, katambah alam keur poek mongkleng bongan bulan teu 
nembongan, kacaturkeun Si Kabayan gering deui, humarurung kawas nu kungsi 
kaalaman. Ana ditanya ku sang garwa, walonna teh sarua jeung nu tiheula. Kieu 
cenah gunem caturna.
  I    :      Ku naon deui akang ?
  K  :      Haduh halah Iteung, ieu curuk kami nyeri deui.
  I    :      Duh kumaha atuh akang, da ayeuna mah keur poek bulan, etana ge 
moal kajeueung !
  K  :      Ah naaaa bet ngeok memeh dipacok, urang rarampa we !
  I    :      Nya heug atuh, hayu !
  Gancangna carita, Si Kabayan jeung Nyi Iteung geus cunduk kanu dijugjug.
  I    :      Baeu akang, mana curukna ?
  K   :     Ieu Iteung !
  I    :      Euleuh, bareuh-bareuh enyaan ayeuna mah akang, geuning jadi gede 
pisan !
  K   :     Nyaeta, tak tage !
  I    :      Sok atuh akang, geuwat lelepkeun !
  Si Kabayan nurut, tapi teu lila Nyi Iteung nyarita deui.
  I    :      Ulah dikeueumkeun wae atuh akang, bisi buruk !
  K   :     Beu, bet lalawora. Kumahakeun atuh Iteung ? Bedo ?
  I    :      Hih, atuh moal cageur ari bedo mah akang !
  K   :     Dikeueumkeum matak buruk, dibedokeun moal cageur ! Jadi lieur yeuh !
  I    :      Ih, puguh ngarah teu lieur ! Pulang antingkeun angguranan akang !
  K  :      Haaaar, na ari maneh Iteung !
  I   :       Da ieu mah lain eta munding, akang ………. nu Iteung !
  K  :      Euleuh, kutan ! Hadena weeee, ieu oge lain curuk, Iteung ………. nu 
kami !

 __________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke