kang asep, naha teu acan aya sambunganana?
diantosan ah cariosna. direngsekeun nya kang. diantosan yeuh bari ngopi
kakaren lebaran
salman
"SPB-OQA. Asep Heriandi" <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Heu...heu...
Tanggal 10 Oktober '07, Bos leutik meunang surelek ti customer nitah datang
ka Johor Malaysia kulantaran aya masalah kualitas produk anu teubisa di
engke-engke pajarkeun ceuk bahasanamah URGENT!!!. Bos nyalukan kuring nu keur
nonggongan manehna bari anteng mariksa jeung macaan surelek.
Kuring malik bari curinghak...nanya "ada apa pak?", bos merenyaho yen aya
masalah qualitas produk di customer anu seurieus bari ngageserkeun laptopna
nempokeun sangkan kuring eces jentre kanu poto anu dikirim tina surelek.
Bos gede orang Jepang anu diuk di katuhuna ukur nyerengeh meunang inpo eta
bari nunjuk ka simkuring "Asep san go to Maraysia na'...!"
Cilaka duabelas kuring anu dititah indit, keurmah di Malaysia keur loba
masalah jeung Indonesia, trus nu paling ngabeuratkeun kuring indit lantaran 2
poe deui rek lebaran.
Numutkeun anu enggeus2 lamun teu asak-asak urang meeting jeung negotiate
bisa2 leuwih ti 2-3poe, biasana manehna menta sorting / rework kana produk anu
keur masalah eta komo bari jeng jumlah produk nu aya di customerteh loba.
Saberesna meeting, nya di tangtukeun kuring dibaturan ku tilu orang. Dua
orang ti bagian enginering jeung saurang deui ti bagian gudang.
Barudak teknisi di calukan karuang miting dibere nyaho maranehna kudu indit
ngabaturan kuring ka Malaysia, maranehna dititah nyiapkeun babawaan jang
pagawean diditu. Saenggeusna panceug kuring nukudu indit kuring nelpon ka
indung budak di rorompok anu keur sibuk ngadonan kueh jang persiapan lebaran.
Beres nyiapkeun dokumen ti mimiti paspor, surat jalan, ngabooking feri,
jeung nyiapkeun duitna kuring mulang ka imah jang salin jeung mawa pakean.
Indit tikantor jam satengah sabelas saenggeus kabeh barudak nu rek maturan
kuring kumpul di tempat nu geus dijangjikeun, bos ngawanti-wanti "cing ati-ati
didituna tongpoho paspor babawa mun rek kaditu-kadieu".
Dianteurkeun ku supir kantor ka pelabuhan Feri Batam center, nepi ka
pelabuhan jam sabelas kurang sapuluh menit. Jrut kabeh panumpang turun bari
nganuhunkeun kasupir anu geus nganteurkeun.
Kuring asup ka area pelabuhan, trus ngajugjug konter tiket feri Pintas
Samudra anu tadi di booking ti kantor. Awewe anu di konter ngagelenyu imut
nembongkeun someahna bari nanya "Mau Ke Johor pak?"
"Iyah..." Tembalkuring
"Berapa orang..?"
"Empat orang, tadi kan dah di booking dari Sanyo!"
"Oiya...tunggu sebentar pak!" manehna muka laci bari nyokot data bookingan
tiket anu geus disiapkeun.
Kuring ngumpulkeun paspor nu barudak jang nyocokeun data di eta konter.
"Mau one way ato two ways pak?" manehna nanya bari nunjukeun daftar harga nu
ditempel dina meja loket
"Two ways aja lah... biar sekalian" tembal kuring negeskeun kamanehna, harga
tiket PP leuwih murah saeutik batan urang meuli sabalik.
Crek kumanehna di ketik ka komputer bari menta pasporna di kempelkeun
kamanehna.
"Semuanya Rp.980.000 dah termasuk passanger pass" bari merong ka beungeut
kuring.
Kuring ngaluarkeun dompet kabeneran duit nu dina dompet ngan ukur 700rb,
"pake dolar boleh kan mbak?" ceuk kuring.
"O...bisa" manehna bari ngaluarkeun kalkulator jang ngitung ongkos ku dolar.
"Kurang brapa pak, ini kebetulan saya ada?" aya salah sahiji budak teknisi si
"W" anu kabeneran mawa duit nawaran.
Saeunggesna cukup tiket dibayar, solongkrong awewe tadi mikeun tiket jang
bulak-balik jeung permitna anu di selipkeun dina paspor masing-masing.
[nyambung...]
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com