Assalamu'alaikum baraya sadaya......
Wilujeng boboran siam, neda dihapunten samudaya kalepatan.
Mugia ka payun laku lampah urang tiasa langkung sae ti taun-taun anu tos 
kalangkung
Amiin
 
Dinten ieu oge si kuring mimiti lebet sakola (halal bi hala panginten)
Dinten ieu oge si kuring teh bade ukeun widi ka Kapala Sakola kanggo hadir di 
HBH Kusnet
Deg-degan yeuh...... margi dinten Saptu teh pami idin ngantunkeun murangkalih 8 
kelas X 40 urang murid
(kacipta guru piket cakah cikihna, hick...hick...hick.....)
 
Nu parantos disiapkeun ku si kuring : 
1. Uleman nu aya dina blogna kang Toni 
    (tong bendu nya ulemena dirobih sakedik, panan dinten ieu nuju milangkala, 
bilih teu didungakeun panjang umur, wilujeng)
2. kakaren boboran (sanes anu kintunan kang Ndoel, tapi dina toples ieu mah 
hi..hi..... diajar nyogok)
3. dibarengan ku orasi alakadarna (heu...heu..heu... jiga nu rek demo 
euy!!!!!!!!!!!!!!!!) 
4. ditambih ku do'a ti baraya sadaya, apanan saurna pami do'a urang diaminan ku 
40 urang bakal kobul
    (anggota milis aya sabaraha urang nya? mangga atuh nu maos, nyebat amiin 
sing tariiiiiiiiiiiiik........)
5. Utamina do'a ti kuncen sadaya, biasana pami kuncen mah pan langkung makbul, 
wartosna......................
 
    kasorang euy tutah titah ka balarea, ka kuncen deuih hi....hi...... moal 
kawalat panginten nya? da ieu mah kanggo Kusnet
    mangga ah, hatur nuhuuuunnn (ngagidig bari mawa toples, surat ti Kusnet, 
jeung rancangan orasi dina uteuk heu..heu...)
 
baktos 
herni boo


      ________________________________________________________ 
Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi 
Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

Kirim email ke