Wilujeng Kang John (supados nyunda ah), teu kinten bagjana lami bubuara di Walanda, katambih blaster, naon nyebatna teh? tongki????????? tapi masih keneh tiasa basa Sunda, dina lebet pangsiun kersa linggih di lembur nu aya di Indonesia Mugiaaaaaa sadaya murid abdi ge sapertos kitu...... Amiin
baktos herni boo ----- Pesan Asli ---- Dari: pinterpisan <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: [email protected] Terkirim: Jumat, 19 Oktober, 2007 4:35:08 Topik: [Urang Sunda] nepangkeun Nyuhun dihapunteun kasadaya. Abdi teh nembe diajar deui bahasa Sunda, janten abdi bade nyuhunkeun dihapunteun upami salah nulis sareng ngejahna.. Abdi teh tos lami teuing mumara di Europa, jarang tiasa nyarios dina basa sunda, kumaha da te aya nu tiasa diajak ngobrol. isin2 ge dipaksakeun we da hoyong diajar deui. Dua taun deui abdi bade pangsiun, hoyong na mah mulang kalembur pun biang. Da kumaha abdi mah tongki (entog jeung meri), pun biang urang sunda ti Cikalong ciancur ai bapa penjajah.Abdi mah teu terang naon? Enjing abdi bade ka Indonesia, bade nyobian moal nyarios bahasa Indonesia. Bade nyarios bahasa Sunda salamina abdi di Indonesia (bohong ketang, di Bandung ge tos sesah milari jalmi nu nyarios sunda). Kumaha kenging abdi di ajar ka anjeun sadaya?Hatur nuhun John siBodo ________________________________________________________ Bergabunglah dengan orang-orang yang berwawasan, di di bidang Anda! Kunjungi Yahoo! Answers saat ini juga di http://id.answers.yahoo.com/

