Apih... perkawis peluang ekspor, asana teu aya rugelna upami teras mayeng
dikintunkeun ka milis. Perkawis nyanggut/henteuna mah, nya susu ganan bae...
Pikeun kuring pribadi, najan teu icikibung dina widang anu dimaksad, tapi
lumayan kadar nambih2 kaweruh bae mah... Malih, langkung ti eta, saleresna
mah abdi hoyong pisan terang kumaha sih ari prakprakanana ngekspor teh.
Kumaha prosedurna, dokumen naon bae anu kedah disiapkeun, saha bae pihak anu
kedah ditepangan, jsb. Mung isin bae, jadi kanyahoan bolohona... heuheu...

Sok atuh ka anu uninga & icikibung dina dunya ekspor impor, manawi tiasa
medar...

On 10/10/07, Siddik Wiradireja <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>    Kadua : Perkawis terasan postingan "Barang-barang anu dipilarian
> kupangusaha Korea", sanaos eta postingan tujuannana, manawi tiasa
> ningkatkeun ekspor non-migas ka Korea, namung ari diemut deui, henteu seueur
> wargi ieu milis anu kagungan usaha dina widang Industri atanapi widang
> ekpor-impor, janten hawatos ka wargi sanes anu teu aya patalina, mung ukur
> minuhan "in box".
>

Kirim email ke