Punten ka para Kuncen,

Sim kuring teh katitipan saur ti pun adi, saurna hoyong ngagabung di ieu
ririungan mung isin sareng teu terang kumaha lebetna.
Ku kituna disuhunkeun kerna Allahna, manawi henteu rengat galih, eta pun adi
hoyong dipangulemkeun lebet ka ieu Babakan.
Dupi identitasna (naon atuh nya basa sundana ?) mah jenenganana pun Derry
Annisa, istri, linggih di Bandung (kalahiran Cianjur), padamelan masih
lantrak-lintrik saurna, sakolana mah tos rengse ti Arsitektur Unpar, sakitu
heula manawi cekap. Ke lengkepna mah jinisna nyalira anu sina baceo.

Sakitu nu kapihatur, hatur nuhun sateuacanna.

Baktos

NFG,
(Tukang noong)

Kirim email ke