Sumuhun mangga ka lebet Kang! sami abdi ge boru 'diredja' nyaeta Suradiredja saurana mah karuhun abdi ge ti Limbangan, aya oge wangsa diredja sanesna, upami teu lepat mah Kang Yusuf Gunawan anu teureuh pangeran papak terasna ka Limabangan oge, Ua Sidik di KBRI Soul oge kulawargi "diredja" terah Sunan Cikundul raraosana mah Sunan Cikundul ge karuhunna mah ti Limbangan.
wassalam dudi eastborneo ----- Original Message ----- From: [EMAIL PROTECTED] To: [email protected] Sent: Tuesday, October 23, 2007 2:20 PM Subject: [Urang Sunda] Milarian Karuhun Wilujeng Sonten kanggo anggota milis, Abdi nembe ngiring milis iyeu sareng hoyong tiasa deui basa Sunda nu tos dihilapkeun margi teu aya nu tiasa dicandak nyarios di Jakarta teh. Kaleresan abdi teh nuju milarian Karuhun upami pun Apa teh ti Limbangan Garut, Ema teh aya katurunan ti Banten. Ti Apa teh aya embel embelan Sastradireja, abdi hoyong terang upami milarian katurunan wargi kumaha nya? Upami aya anggota milis nu tiasa ngabantosan, hatur nuhun sateuacana.... -------------------------------------------------------------------- This message contains confidential information and is intended only for the addressee named. If you are not the named addressee (or authorised to receive for the addressee), you must not disseminate, distribute or copy this email.Please notify the sender immediately by e-mail if you have received this e-mail by mistake and delete this e-mail from your system

