Basa kamari ka Bandung, saacan lebaran kuring ulin ka BSM (kawas kang Asep...hehe), nganteur budak hayang jalan-jalan. Lunga-lengo ka Gramedia, budak mah diantep we baeud jeung nyiwitan oge, geus gede ieuh. Aya sababaraha buku anyar (asana citakan 2007), nu matak kuring curinghak jeung neureuyan ciduh sorangan lat poho kana pamaksudan...hehe, mangga tengetan diantawisna bae: 1. Pangeran Cakrabuana, Raja Pertapa 1 terbitan Kiblat Bandung Raden Walangsung alias Prabu Kian Santang nu dianggap "pendiri" kota Cirebon. Naha dibere gelar Pangeran Cakrabuana? Naon hubunganana jeung gunung Cakrabuana dina novel MJ? Kumaha ketakna Walangsung dina mimpin Cirebon nu ngabalukarkeun Cirebon gancang ronjatna tina hiji kampung nepi ka hiji nagara? Adaptif kah, Someah hade ka semah? Naha prabu Siliwangi nitah Walangsungsang guguru ka Begawan anu di gunung Dieng? Kumaha Nyi Mas Rarasantang ngigelean budaya Arab make budaya Sunda? Kumaha ngalalanana Walangsungsang ka Arab, Mesir, Irak jeung Samudra Pasai? Dipedar ku kang Besta Besuki Kertawibawa, lulusan Arsitektur ITB nu ngarasa "kaseureud" aya nu nyebutkeun urang Cirebon "Sunda henteu, Jawa ;lain", kepala Bapeda kabupaten Subang, nu ngaku urang Cirebon jeung sigana ti lingkungan keluarga Sultan Cirebon. 2. Profil Etnic Jakarta (terjemahan), Lance Castels Medar nu matuh di Jakarta ayeuna, cenah urang Betawi? Ti mana asalna Betawi? Budak beulian Walanda kah? Ti Bali, Makasar, Bangka, India, Cina? Campuran seler-seler sa nusantara, sadunya? Pan cenah Sunda Kalapa teh boga Padjadjaran beh dituna karajaan Sunda? Kamarana urang Sundana? Teu dibahas ieu mah...sigana can aya nu ngabahas ieu mah ku ahli sajarah Sunda. Ragrag ka Banten/Cirebon/Demak....nyaeutikan sigana urang Sunda di Sunda Kalapa, diganti ku urang Sunda ti Cirebon, Banten jeung urang Jawa. Ragrag...ka Walanda, cenah urang Sunda jeung Jawa di usiran da sieun antek2 karajaan pribumi, Mataram nyerang Batavia....eleh! Tentara nu ti Priangan jeung Cirebon diudag-udag ku tentara Mataram, dipaehan! (alinea ieu mah subyektif! hehe) Tulisan ieu nu mimiti diterbitkeun tahun 67(?), dipikaceuceub ku tokoh betawi Ridwan Saidi. Sanajan bantahana..asa "teu gugur teu angin"....teu nyambung! Bantahan Ridwan Saidi lengkepna dina buku Profil Etnik Betawi jeung Babad Tanah Betawi khusus keur nangkis buku Lance Castles ieu. 3. Dari Batavia ke Jakarta, pangarangna hilap asana urang Lombok, kepulauan Sunda leutik, lulusan UGM. Loba ngabahas tata kota Jakarta jeung nerangkeun peta-peta daerah Jakarta baheula. Penerbitna oge hilap di Jakarta asana mah. Perenah nyieun buku "Dari Sunda Kalapa ke Jakarta" oge cenah, mung teu acan kapendak ku si kuring. 4. Dong Mu, Jamal, Gramedia Pustaka Utama Hehe...punten ah seuri heula ieu mah! Mun maca buku-buku MJ, sok asa keur pahareup-hareup we...hehe. 4 buku novel tiheula dianggap "gagal" dijieun panganteur sare...da kalahka cenghar tur buringas jeung seuseurian sorangan deuih....sakapeung mah nyarekan nu nulisna sakalian. Dong Mu, medar lalampahan tokoh kang Herman jeung kang Yaya, dua ilmuwan "hebring" urang Sunda nu teuneung ludeung, jujur jeung gede tanggungjawabna tapi masih aya hormon "kabayanna"....hehe. Enya....keur genting oge tetep we heureuy! Caritana alus, basajan, sanajan "background" tokoh-tokohna kawilang "edan!" Hal ieu sakaligus...ngabalukarkeun kurang jerona medar masalah nu didadasaran elmu-elmu para tokoh. Ceuk kuring, novel ieu serius jeung ati-ati dijieunna, kaciri tina loba "diskusi" jeung nu boga kaahlian bidang nu aya patalina. Ngan hanjakalna ceuk rarasaan mah "tata letak" atawa lay out tulisanna teu cocog jeung panon kuring, teuing "cilindris"na geus nambahan?! Wilujeng dong mu Jamal! Bilih aya nu kataji atanapi peryogi, mangga we pilarian! Wilujeng Boboran shiam, neda dihapupunten seueur sikep tur postingan nu porengesna! baktos, siporenges
__________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

