hehe. nuhun kang. nu ieu mah heureuyna sakedik. kahijina, tokoh2na profesioal, sanes barudak msiswa, kadua, da eta sieun kandel teuing jeung teu fokus kana carita nu rada heurin ku pikiran soal nuklir oge mikrobiologi, bisi salahna kamalinaan. hehe. enya, masalah widang masing2, nu hiji tukang nuklir, nu hiji tukang mikrobial diversity, teu guar jero, bisi lalieureun, komo abdi nu nyeratna. da ngapalkeun wujud uranium oge ngitnun sms heula ka bah Willy, bah, ari uranium teh logam atanapi nao? logam cenah. di tambangna teu beda jeung beusi (keusik, batu) dan ti jero taneuh.
nara sumber utamana, kang yaya oge kang Mike, tarebih, nu hiji di seoul, nu hiji di tokyo.kantos pendak sareng kang Mike basa tepang sareng bah Willy kang Oman ka lembang, naskah tos di pamedal. nya aya sababaraha bagean nu ditambah. uranium ari tos diprosesmah tiasa janten cair, gas. kang Brad ti Fisika asa, pasti apal oge tah sakadang uranium. hehe. dasar novel Dong Mu, nya ngarasa reueus ka US nu jugala dina paelmuan nu rada aheng jeung langka. kaleresan menristek wanoh ka kang Ya oge kang Mike (saleresna kang Mike di indonesia ti Bapetan, badan pengawas tenaga nuklir, nya sigana Polisina batan-nya disuhunkeun we testimoni anjeuna. da ongkoh diurang ayeuna nuju haneut perkawis PLTN, pembangkit listrik tenaga nukitu nukieu. heuheu. sateuacan nyerat dong mu, maos heula buku Dari Atomos Hingga Quark, nepi ka jungkir balik keukeuh lebeng. ngan ukur olohok we, nuklir teh gening kitu. make dasar yen tiap materi gaduh inti jeung aya nu ngurilinganana, siga planet bumi ngurilingan panonpoe. hanjakal teu tamat maca buku Fritjof Capra Tao of Phisic, nu cenah ilmu modern siga fisika rada sarua jeung elmu spiritual wetan. nya siga jurig, pan teu katingali, tapi da listrik oge teu aya bungkeuleukna, ngan kabel we sareng tihangna. di cagap we nyetrum. hihi si kuring oge rada iseu supriseu, teu aya bab. ngan ditandaan ku ilustrasi. ari font (jenis hurup) na mah pesenan si kuring, nuju resep ka Trebucet MS mj http://geocities.com/mangjamal 4. Dong Mu, Jamal, Gramedia Pustaka Utama Hehe...punten ah seuri heula ieu mah! Mun maca buku-buku MJ, sok asa keur pahareup-hareup we...hehe. 4 buku novel tiheula dianggap "gagal" dijieun panganteur sare...da kalahka cenghar tur buringas jeung seuseurian sorangan deuih....sakapeung mah nyarekan nu nulisna sakalian. Dong Mu, medar lalampahan tokoh kang Herman jeung kang Yaya, dua ilmuwan "hebring" urang Sunda nu teuneung ludeung, jujur jeung gede tanggungjawabna tapi masih aya hormon "kabayanna"....hehe. Enya....keur genting oge tetep we heureuy! Caritana alus, basajan, sanajan "background" tokoh-tokohna kawilang "edan!" Hal ieu sakaligus...ngabalukarkeun kurang jerona medar masalah nu didadasaran elmu-elmu para tokoh. Ceuk kuring, novel ieu serius jeung ati-ati dijieunna, kaciri tina loba "diskusi" jeung nu boga kaahlian bidang nu aya patalina. Ngan hanjakalna ceuk rarasaan mah "tata letak" atawa lay out tulisanna teu cocog jeung panon kuring, teuing "cilindris"na geus nambahan?! Wilujeng dong mu Jamal! Bilih aya nu kataji atanapi peryogi, mangga we pilarian! Wilujeng Boboran shiam, neda dihapupunten seueur sikep tur postingan nu porengesna! baktos, siporenges __________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

