Wilujeng tepang, wilujeng kenal Teh Pipiet ! Sim kuring salah sawios penggemar seratan-seratan Teteh.
Urang Husnudzon we Teteh, panginten sanes teu aya respon, mung responna henteu ngalangkungan ieu millis, boa-boa ayeuna tos langsung aya anu ngagidig ka ATM, nyeepkeun simpenanana kanggo ngabantos Kang Dudi Santosa. Leres teu Baraya ? Henteu ? Ah piraku ! Mudah-mudahan leres, mangga atuh urang barantosan. Pan aya paribasa, upami panangan tengen masihan bantosan, panangan kiwa mah teu kedah terangeun. Kitu panginten Teteh. Punten upami lepat. Baktos, Urang Cianjur. Nu Ngiring Belasungkawa ka Kang Dudi Santosa, hususna, ka wargi Sunda umumna. On 10/23/07, Pipiet Senja <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > hapunten ngarewong deui > eta atuda meuni heraaaan > asa teu aya respon kana warta kamusibatan > sangkilang ieu teh urgent > da aya pakaitna sareng > > budaya sunda > ngeunaan kahuruanana kantor majalah sunda midang tea, > wargi urangsunda > > naha da ari diwartakeun di milis holland > meuni langsung direspon sae > sedengkeun di kusnet.. > > aaaah, hapunten sakali deui > assalamualaikum wr.wbb > > lami pisan abdi henteu nepangan wargi KUSNET > tapi da noongan mah sering > > ieu mah bade ngawawaran wae ka wargi sadaya > kamarina mah, sabaraha dinten kapengker > aya sms ti kang Dudi Santosa; > kamusibatan, kantor redaksi majalah Sunda Midang seep > kahuruan.... > > ka sing saha wae anu ngaraos asih, cinta ka bahasa > karuhun, geura tanjeurkeun budaya sunda > majalah Sunda Midang > dina kamusibahan ieu tangtosna oge kedah dirojong ku > urang sadaya, urang sunda di mana wae ayana! > > kitu sanes, URANGSUNDA? > > alamat lengkapna; Jalan Babakan Ciparay, Situgunting > Timur l No.17 RT.08/RW 08, Kelurahan Sukaasih > Bojongloa Kaler, Bandung Timur > > No.RekBCA KCP Lingkar Selatan 4531196061 > cp na mah langsung wae ka Pemred na, Kang Dudi Santosa > 085220095635 > > nyungkeun sih hapunten pami aya kalelepatan > baktosna > teteh pipiet senja, depok > > --- brad porenges <[EMAIL PROTECTED] <porengesbrad%40yahoo.com>> > wrote: > > > Basa kamari ka Bandung, saacan lebaran kuring ulin > > ka BSM (kawas kang Asep...hehe), nganteur budak > > hayang jalan-jalan. Lunga-lengo ka Gramedia, budak > > mah diantep we baeud jeung nyiwitan oge, geus gede > > ieuh. Aya sababaraha buku anyar (asana citakan > > 2007), nu matak kuring curinghak jeung neureuyan > > ciduh sorangan lat poho kana pamaksudan...hehe, > > mangga tengetan diantawisna bae: > > > > 1. Pangeran Cakrabuana, Raja Pertapa 1 terbitan > > Kiblat Bandung > > Raden Walangsung alias Prabu Kian Santang nu > > dianggap "pendiri" kota Cirebon. Naha dibere gelar > > Pangeran Cakrabuana? Naon hubunganana jeung gunung > > Cakrabuana dina novel MJ? Kumaha ketakna Walangsung > > dina mimpin Cirebon nu ngabalukarkeun Cirebon > > gancang ronjatna tina hiji kampung nepi ka hiji > > nagara? Adaptif kah, Someah hade ka semah? Naha > > prabu Siliwangi nitah Walangsungsang guguru ka > > Begawan anu di gunung Dieng? Kumaha Nyi Mas > > Rarasantang ngigelean budaya Arab make budaya Sunda? > > Kumaha ngalalanana Walangsungsang ka Arab, Mesir, > > Irak jeung Samudra Pasai? > > > > Dipedar ku kang Besta Besuki Kertawibawa, lulusan > > Arsitektur ITB nu ngarasa "kaseureud" aya nu > > nyebutkeun urang Cirebon "Sunda henteu, Jawa ;lain", > > kepala Bapeda kabupaten Subang, nu ngaku urang > > Cirebon jeung sigana ti lingkungan keluarga Sultan > > Cirebon. > > > > > > 2. Profil Etnic Jakarta (terjemahan), Lance > > Castels > > Medar nu matuh di Jakarta ayeuna, cenah urang > > Betawi? Ti mana asalna Betawi? Budak beulian Walanda > > kah? Ti Bali, Makasar, Bangka, India, Cina? Campuran > > seler-seler sa nusantara, sadunya? > > > > Pan cenah Sunda Kalapa teh boga Padjadjaran beh > > dituna karajaan Sunda? Kamarana urang Sundana? Teu > > dibahas ieu mah...sigana can aya nu ngabahas ieu > > mah ku ahli sajarah Sunda. Ragrag ka > > Banten/Cirebon/Demak....nyaeutikan sigana urang > > Sunda di Sunda Kalapa, diganti ku urang Sunda ti > > Cirebon, Banten jeung urang Jawa. Ragrag...ka > > Walanda, cenah urang Sunda jeung Jawa di usiran da > > sieun antek2 karajaan pribumi, Mataram nyerang > > Batavia....eleh! Tentara nu ti Priangan jeung > > Cirebon diudag-udag ku tentara Mataram, dipaehan! > > (alinea ieu mah subyektif! hehe) > > > > Tulisan ieu nu mimiti diterbitkeun tahun 67(?), > > dipikaceuceub ku tokoh betawi Ridwan Saidi. Sanajan > > bantahana..asa "teu gugur teu angin"....teu > > nyambung! Bantahan Ridwan Saidi lengkepna dina buku > > Profil Etnik Betawi jeung Babad Tanah Betawi khusus > > keur nangkis buku Lance Castles ieu. > > > > 3. Dari Batavia ke Jakarta, pangarangna hilap > > asana urang Lombok, kepulauan Sunda leutik, lulusan > > UGM. Loba ngabahas tata kota Jakarta jeung > > nerangkeun peta-peta daerah Jakarta baheula. > > Penerbitna oge hilap di Jakarta asana mah. Perenah > > nyieun buku "Dari Sunda Kalapa ke Jakarta" oge > > cenah, mung teu acan kapendak ku si kuring. > > > > > > 4. Dong Mu, Jamal, Gramedia Pustaka Utama > > Hehe...punten ah seuri heula ieu mah! Mun maca > > buku-buku MJ, sok asa keur pahareup-hareup > > we...hehe. 4 buku novel tiheula dianggap "gagal" > > dijieun panganteur sare...da kalahka cenghar tur > > buringas jeung seuseurian sorangan > > deuih....sakapeung mah nyarekan nu nulisna sakalian. > > > > > > Dong Mu, medar lalampahan tokoh kang Herman jeung > > kang Yaya, dua ilmuwan "hebring" urang Sunda nu > > teuneung ludeung, jujur jeung gede tanggungjawabna > > tapi masih aya hormon "kabayanna"....hehe. > > Enya....keur genting oge tetep we heureuy! Caritana > > alus, basajan, sanajan "background" tokoh-tokohna > > kawilang "edan!" Hal ieu sakaligus...ngabalukarkeun > > kurang jerona medar masalah nu didadasaran elmu-elmu > > para tokoh. Ceuk kuring, novel ieu serius jeung > > ati-ati dijieunna, kaciri tina loba "diskusi" jeung > > nu boga kaahlian bidang nu aya patalina. > > > > Ngan hanjakalna ceuk rarasaan mah "tata letak" > > atawa lay out tulisanna teu cocog jeung panon > > kuring, teuing "cilindris"na geus nambahan?! > > Wilujeng dong mu Jamal! > > > > > > > > Bilih aya nu kataji atanapi peryogi, mangga we > > pilarian! > > > > Wilujeng Boboran shiam, neda dihapupunten seueur > > sikep tur postingan nu porengesna! > > > > baktos, > > siporenges > > > > __________________________________________________ > > Do You Yahoo!? > > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam > > protection around > > http://mail.yahoo.com > > __________________________________________________ > Do You Yahoo!? > Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around > http://mail.yahoo.com > > >

