Sampurasun.... Ari sugan teh anu dimaksud 40 urang teh nu disebut "JARO" tea, anggoan upacara adat na oge benten heunteu hideung siga anu sanes tapi bodas sareng iket na oge. Kaleresan kuring sering pendak jeung urang "baduy", aranjeuna sok ngarasa tersinggung upami disebut urang "baduy", langkung sae disebut urang kanekes, urang cikeusik, ....
----- Pesan Asli ---- Dari: dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> Kepada: [email protected] Terkirim: Rabu, 24 Oktober, 2007 10:15:33 Topik: Re: [Urang Sunda] Asal-usul Urang Baduy...soal 40 UK Jero Oh kitu geuning nya Kang, anu netep di kampung jero teh langkung ti 40 KK, ari abdi mah kenging info anu 40 urang kanekes teh sanes kenging maca panalungtikan sarjana atanapi doktor tapi carios para sepuh dikampung, saurna teh kapungkur, duka nalika jaman pajajaran, duka jaman cirebon atanapi jaman mana horeng karioskeun aya komando khusus anggotana 40 urang ti pakulonan (UK), upami nuju dines sok nganggo anggoan khusus, kanggo penyamaran. Hapunten! wassalam dudi_ss ----- Original Message ----- From: "MRachmat Rawyani" <[EMAIL PROTECTED]> To: <[email protected]> Sent: Tuesday, October 23, 2007 4:44 PM Subject: [Urang Sunda] Asal-usul Urang Baduy...soal 40 UK Jero > Waktos kamari aya diskusi di FIB UI,perkara 40 jalmi > urang Baduy jero, "dipertanyakan" validitasna. Da > urang Kanekes (UK) di jero langkung ti 40 kepala > keluarga. Jigana data ieu teh hasil panalungtikan > salah saurang doktor lulusan Unpad, duka kumaha cara > ngitungna/nyacah jiwana. Soalna ti kelompok para > peneliti UI mah asana teh teu aya pernyataan UK jero > aya 40 jalma/kepala keluarga. > Ari ceuk kang Onod mah, anu biasa sok sering "lar-sup" > ka UK jero, leuwih ti 40 UK Jero. > > baktos, > > mrachmatrawyani > > --- dudi_ss <[EMAIL PROTECTED]> wrote: > > > > Karuhun anu pang > > kolotna anu di gugu jeung ditiru ku UK, sarua jeung > > Nabi Adam dina kayakinan UI, didieu jigana mah titik > > temuna antara UK jeung UI. Aya deui baraya, kusabab > > UK teu hayang aya pacengkadan jeung UI, jeung deuih > > jiana geus aya diskusi pajang lebar antara inohong > > UK (anu 40 urang tea) jeung para imam Islam nalika > > jaman kasultanan cirebon anu hasilna masing-masing > > pihak sapamadegan kudu beda tapi hiji, jeung kudu > > silih rojong. Anu kanyahoaan teh baheula (taun > > 50/60-an) mah upama geus ngadeukeutan ka bulan > > mulud (MULUDAN) sok aya UK anu ngetan ngaliwat ka > > lembur sikuring, kitu deui sanggeus lekasan sok > > ngaliwat deui rombongan teh ka kulon, teuing ayeuna > > tara kawenehan deui euy! > > > > UK - US, sama-sama..... > > > > wassalam, > > dudi_ss > > Komunitas Urang Sunda --> http://www.Urang-Sunda.or..id Yahoo! Groups Links ________________________________________________________ Kunjungi halaman depan Yahoo! Indonesia yang baru! http://id.yahoo.com/

