Kang Fajar, salam kenal deui*
Waduh? Lodong, BE (Titelna : Badag Enjum heheh*). 
Hoyong halimpu sora Lodong Karbitna? Cik cobian diseunggeutna bari dihaurudum 
sarung...
Teu percanten? sami, da abdi ge mung disiga-siga heheh... 

ro2
tarangomelodongkarbit

>>> [EMAIL PROTECTED] 10/23/07 11:57AM >>>

Wilujeng tepang Teh Roro, wilujeng kenal (tos kenal teu acan nya ? edeg bari 
rada gumasep !)

Da muhun atuh Teh Roro, di Cianjur Kidul mah ngahajakeun pisan ngadamel Lodong 
teh, malih teu kapalang nu dianggena oge tangkal kawung pangbadagna (enjum we 
sugan mah... badag enjum..).
Ieu teh pangalaman sim kuring waktos nuju damel di Proyek Pertambangan Emas PT 
Panen Antam Emas di Desa Karyamukti, Campaka Cianjur taun 1991 dugi ka taun 
1998. Ayeuna oge saurna di daerah eta mah masih keneh sok ngadaramelan Lodong 
(mariem) kawung tiap sasih saum. 
Ari sim kuring mah resep teh kapungkur nuju alit, ayeuna mah ..... resep 
keneh.. mung soarana hoyong anu rada halimpu ngarah teu matak reuwas batur ... 
aya teu nya Lodong Karbit anu sorana halimpu ?

NFG.

Kirim email ke