Oge nyambung wartos mangkukna, acara nyambut mahasiswa anyar TUHH (Technische
Universitet Harburg Hamburg), Group angklung Hamburg parantos sukses mintonkeun
lagu Kicir-Kicir, Obaldi Oblada jeung pileuleuyan nu dipaenkeun ku 40 remaja
Indonesia nu ngumbara di Hamburg. Unggal seep lagu, penonton keprok panjang,
applous, tandaning puas, alus. He he.. padahal can sabaraha dibandingkeun jeung
group saung angklung mang Ujo atawa group angklung SMA3 mah. Sakieu ge uyuhan,
latihan ukur sababaraha kali. Ngan mudah mudahan tiasa nunjukkeun ka penonton
nu datang ti mancanagara (di TUHH loba pisan mahasiswa asing) yen nu boga
angklung teh US lain Malaysia.
Group angklung Hamburg pemaina campuran ti almuni TUHH, mahasisa, Gymnasium
dugi ka GrĂ¼nschule. Salut kangge mas Prio anu tiasa ngumpulkeun pemain,
ngalatih sareng mingpin ieu group angklung.
Dirigena mas Prio, palebah lagu pileuleuyan dirigen ngan ukur mimpin intro-na
wungkul, saterusna 40 pamaen maenkeun angklungna jalan sorangan, hebat, bisa
maen teu make dirigen, solana mas Prio-na sorangan terus maen kendang
mengiringi (naon atuh sundana mengiringi?) lagu pileuleuyan.
Kang Trias.
mj <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Ieu aya gambar barudak keur maen angklung di saung Angklung Mang Udjo, acara
rutin tiap sore pikeun turis.
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com