Ass. Wr. Wb..... Sampurasun Dina raraga maheutkeun, mancegkeun adeg-adeg Kampung Seni & Wisata " seja ngaguar tutungkusan jeung banda budaya nu aya di tutugan gunung Manglayang, ngaraos reugreug sareng kalintang bingahna upami Bapak/Ibu/Saderek kersa ngaluuhan acara " Gurat Tapak Ingkeun Ngagurat Tapak" dina : Dinten : Jumaah Ping : 26 Oktober 2007 Tabuh : 15.45 dugi ka rengse Tempat : Kampung Seni & Wisata " Manglayang" Kampung Ciborelang No. 52 RT.01 RW.09, Desa Cinunuk, Kec, Cileunyi Kabupaten Bandung. Kasumpingan Bapak/Ibu/Saderek tansah diajeng ajengna. Susunana Acara : a. Karesmen Pangbage ( Seni Reak ) b. Karesmen Pangwilujeng (Seni Egrang & kaulinan Murangkalih ) Kunjungan ( Ngadongdon ) Stand Pertunjukkan a. Kawih murangkalih+gambar motekar b. Ibing Penca c. Pabukon d. Tutunggulan+Leuit e. Benjang f. Ngistrenan Kompepar+ Penandatangan Prasasti g. Kuliner+Marawis Longser KiDaus Bada Magrib Coffe Break/duka kopi tubruk Instrument Kacapi Silung dan Kasadana Guneman pokona mah jeung rea rea deui we lah cape ngetikna. Ieu uleman teh kangge ka wargi KusNet saurna diantos kasumpingannana. wassalam ......YanTo.... urang cinunuk
__________________________________________________ Do You Yahoo!? Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around http://mail.yahoo.com

