HBH kahiji teh mun teu salah mah di Cimalati Sukabumi,
di tempat rekreasi jeung pamandian Cimalati. Harita
mah acara dipuseurkeun sakadar wawanohan para warga
KUSnet. kaleresan Kang Bowi (padamel Bank Indonesia),
ngadokumentasikeun kana vcd acra harita. Ku ayana
acara eta teh, tambah akrab antara sasama anggota
KUSnet. Malihan mah, KUSnet Jakarta aktif ngayakeun
sababaraha acara anu rada daria, nyambung tina hasil
pasamoan di Cimalati.

HBH kadua, diayakeun di Cipanas, beuki tambah akrab
wae, margi hususon diayakeun acara anu beuki
ngaraketkeun wargi KUSnet.Hanjakal kuring ngan ngiluan
satengah maen. ari ceuk cenah mah, aya nu "Nyambung"
tah tina hasil HBH di Cipanas teh. Harita oge tos
rame, cenah mah di wisma tempat diayakeun HBH teh, aya
nu "kawenehan". Kuring harita teh kapeto jadi tukang
jeprat-jepret. Duka tah disimpen dimana hasil jepretan
eta.

HBH katilu, diayakeun di Pasantren Cibatu Garut, di
Bumina kang Deny Suwarja. Beuki serieus acarana, da
ngundang kasenian sagala, jeung aaya acara bazaar
pikeun masyarakat satempat. Kuring ge ngan "satengah
maen" ngiluan acara eta. Duka dimana tah hasil
shootingan video kuring.

HBH kaopat di Jatinangor, bati ngalamun wae pikeun
kuring mah. Duka tiasa duka heunteu ka Jatinangor.
Mugi sing lungsur langsar wae.

baktos,

mrachmat uidipura




__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke