Haturan Abah, abdi lulusan SMPN VI Babatan, waktos harita ngalih ti SMPN IV
Tasikmalaya, lebet ka kls 2 di tilas sakola Chung Hua Jl Kebon Jati, teras kls
3 na di Babatan. Harita teh nuju rame2 demo KAPI+KAMI, sakolana sering apel ka
Alun2. Tamat teh abdi mah tahun 1967.
Katelah harita teh abdi disebat si "daweung", margi kaleresan janten juara
nyanyi lagu sunda dina raraga Porak, anu bait kahijina lagu teh ku kecap
"daweung". Kepala SMP hartita masih Bp Pospowardoyo anu linggihna di Jl
Dipenegoro. Kenang2an Abah, asa kagugah.
Rerencangan abdi anu bageur harita teh Heri Udiyanto, ti Jl Station + sahanya
hilap anu sok ngajajanan teh murangkalihna juragan tekstil ti Majalaya, si
kasep saha nya?
Abah, abdi di Bdg oge, mung ayeuna nuju di Msia.
a_suwarna <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Yi Dudi,
SMA 8 nu di Buahbatu tea nya? Pun anak Yudi sareng Iman pami te lepat
lulusna tahun 84 ti SMA 8 teh. Harita rorompok di Kliningan caket
pisan ka sakolana teh,pami lebet enjing enjing sok nungguan bel heula
da sok kadangu ka rorompok. Ayeuna sadayana di Jakarta tos dua batina ge.
Malihan mah sasih puasa kamari karempel batur sakelasna Iman,saurna
mah buka bersama. Manawi kenal sareng hoyong uninga alamatna Japri we
ka Abah.
Sakantenan we manawi aya Ibu/Rama/Aki lulusan SMP 6 Babatan tahun
1957 atanapi SMA 4 jl Sumatra lulusan tahun 1960. Pertarosan ieu
tangtos rada sesahnya di kempelan anu yuswa wargana kirang ti 60 tahun
mah. Mung ieu mah mamanawian we.
Wilujeng kasadayana
Abah Suwarna
--- In [email protected], dudi dzulfadli
<[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
> punten manawi aya anu terang alumni sman 8 bandung,
> kangen tos lami pisan teu patepang, kumargi aya dina
> tugas di pangumbaraan
>
> __________________________________________________
> Do You Yahoo!?
> Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
> http://mail.yahoo.com
>
__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam? Yahoo! Mail has the best spam protection around
http://mail.yahoo.com