On 10/29/07, surtiwa surtiwa <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
>
>  2.Kumpulan motor leutik ..dina kapadatan lalu lintas
>  kana mobil..naon wae mahal murah. Mobil kulantaran
>  sieun codet jeung sieun nabrak motor ngelehan..tibaan
>  digebugan...

Tah nu di luhur mah kaalaman ku uing, kamari, basa mudik poe kadua
lebaran. Keur mah macet di Cileunyi keneh nepi ka Nagreg, nu antukna
rek ka Garut kapaksa kudu ngaliwatan Limbangan. Jarak Bandung-Garut,
angsrod-angsrodan lima jam leuwih. Nu nambahan macet teh eta,
rombongan motor tea, geus diatur dibere jalur kenca, hayoh pabuis
ngatuhu, malah make jalur ngalawan arus sagala. Salian ti eta, aya
rombongan ngaheang make sirene, marake jaket saragam. Sugan teh
rombongan naon, sihoreng rombongan nu mudik oge, ngan jigana aya
kelabna. Teuing kumaha aturanana, eta rombongan oge make nepi ka wani
make sirene, jeung hayang dibere jalan prioritas deuih. (mh)

Kirim email ke