Assalamu'alaikum wr.wb., Wilujeng enjing baraya sadayana.....wilujeng patepang deui di dunya maya.
Alhamdulillah, HBH KUSnet 2007 tos lekasan.....sareng aya dina kalancaran, najan seueur keneh kakiranganana...hapunten anu kasuhun ka baraya sadayana anu tos ngaluuhan acara HBH KUSnet 2007...bilih aya anu kirang nyugemakeun atawa aya anu teu berkenan dina manah boh dina tata-titi, oge pangbagea ti pihak panatacalagara hapunten pisan ku sagala kakiranganana... Sim kuring atas nami panata calagara HBH KUSnet 2007 ieu, seja ngahaturkeun mangrewu-rewu nuhun anu teu aya hingga na kanggo para saderek anu tos sarumping ngaluuhan HBH di kiara payung ieu, oge kasadaya pihak anu tos ngabantos boh tina miimiti moril, materil sareng pangrojong du'a na dugikeun ka kalaksanakeunana HBH KUSnet 2007 di Kiara payung-jatinangor-Sumedang. Haturnuhun special kanggo Apih siddik salaku Pamangku Hajat, Ka para Kuncen salaku sesepuh, Ka para Panata Calagara, ka para Donatur, specials Thanks oge kanggo teh Ika sareng Kang Dede Mariana anu tos ngusahakeun sareng masihan tempat HBH anu merenah... kanggo anggota KUSnet anu teu acan tiasa ngiringan HBH, atuh Mugia dina HBH salajengna tiasa ngaluuhan, supados langkung euyeub deui, langkung katinggal yen Urang Sunda teha AYA! Hatur rewu nuhun, Rengrengan panata calagara HBH KUSnet 2007

