wilujeng gabung di KUSnet kang.
Kenalkeun abdi pun mrachmat rawyani, damel sareng
dumuk di nDepok. ari kalahiran mah ti Majalengka.
Kapungkur taun 1960 an kantos ngalaman sakola SD di
Majalaya. Dugi ka ayeuna teu acan ningali deui jiga
kumaha Majalaya. Harita mah di payuneun masigit aya
alun-alun, atuh di "sebrangeunana" aya kantor
kacamatan. Atuh sagedengeunanana aya bioskop. Masih
emut, film anu ku kuring ditongton teh nyaeta film Ben
Hur. Di Majalya pisan kuring nembe terang cara
ngadamel borondong garing, da pengkereun bumi, aya
tatangga anu sok ngadamel borondong garing.

Pan aya  lagu Borondong Garing, dimana salah sahiji
syairna teh nyaeta "Majalaya Soreang Banjaran
Bandung".
Tah, mun mireng lagu eta teh, pikiran kuring
ngabayangkeun Majalaya jiga taun 1960 an.


baktos,

mrachmat uidipura

 
> Wilujeng tepang sareng simkuring,
> 
> Nami        : Hermawan
> 
> Yuswa       : 37 tahun
> 
> Asal        : Majalaya, Kab. Bandung
> 
> Alamat      : Bekasi
> 
> Istri       : 1 (urang Majalaya oge)
> 
> Putra       : 3
> 
> Padamelan   : PT. Harbison-Walker refractories


__________________________________________________
Do You Yahoo!?
Tired of spam?  Yahoo! Mail has the best spam protection around 
http://mail.yahoo.com 

Kirim email ke