Bingah pisan nampi uleman ti P Rektor ngenaan aksara sunda, sajatina mah sim
kuring hoyong pisan ngiringan dongkap di uleman eta, nanging punten pisan teu
acan tiasa.
Sim kuring teh salah sawios anu bagja boga baraya jiga Dian Tresna Nugraha,
anom keneh, tapi niat sareng pari polah na picontoeun pisan. Sanaos sim kuring
can pendak sareng K Dian TN (DTN) tapi ari ngalangkungan surelek mah kantos. Da
sa SMA sareng sim kuring.
Wilujeng,
-dicky m-
Ganjar Kurnia <[EMAIL PROTECTED]> wrote:
Assalamu 'alaikum Wr. Wb.
Dulur-dulur, Unpad seja nanggap Kang Dian Nugraha (urang Conggeang anu nuju
tolab di Jerman) , dinten Jumaah ping 2 Nopember 2007 Jam 13.30 di gedong
rektorat enggal Unpad. Jl. Dipati Ukur 35. kalayan jejer "Komputerisasi Aksara
Sunda sangkan Ngajomantara". Diaranntos pisan.
__________________________________________________